Komunitas Seni Kaligrafi Huruf Arab 'Ariadimas'

- 10 Januari 2024, 13:30 WIB
Kang Emha dipikawanoh pangarang wedalan Panglawungan 13 neuleuman kaligrafi.
Kang Emha dipikawanoh pangarang wedalan Panglawungan 13 neuleuman kaligrafi. /Nanang S/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Keur sabagean leutik pangarang entraganana, Kang Emha dipikawanoh pangarang wedalan Panglawungan 13 nu tulisanana boh carpon boh artikel balatak dina sababaraha media cetak. Singhoreng kaparigelan kutrat-kotretna teh lain wungkul dina nulis tapi oge ngawasa seni endah kaligrafi huruf arab katut baragem motif pareasina.

"Ancrub kana kaligrafi mah bareng we jeung pangaresep kana dunya nulis. Dina kaligrafi meunang sabaraha lilana sempet ngaguru ka maestro kaligrafi urang Katapang, jenatna KH. Tatang Bukhori sareng ka pangsiunan guru lukis Bapa H. Nanu Miharja," ceuk Kang Emha dina hiji kasempetan, balaka ka Galura di padumukanana di Tegalluar Kabupaten Bandung.

Kungsi pakem welasan taun. Alesanana mah, sepi order ditambah kaered ku kutrat-kotret ngarang carpon jeung novel. Sababaraha taun ka tukang, Kang Emha diajak gawe bareng ku hiji insinyur, geusan ngagawean kubah katut ka kaligrafina. Teu diengkekeun, inyana nyatujuan saterusna ngeprik balad pikeun ngabantuanana.

Baca Juga: Bupati Bandung Ngawanohkeun Seni Badawang jeung Wayang Golek di PWI Pusat

"Ari paelmuan ngawasa motif mah berekah kasadap ku anak balad, di antarana ku Adi Nurjaman,” ceuk Kang Emha. Keur ngahangkeutkeun kaderisasina Kang Emha nyieun komunitas kaligrafi anu dingaranan 'Ariadimas Dekorations'. Kagiatanana diajar ngarang jeung ngawasa kaligrafi, sakaligus tim sakalieun aya job gede.

Nu disebut job gede teh saupama aya proyek kaligrafi di hiji masjid nu panjangna paling saeutik 100 meter. "Ciri has Ariadimas mah, kolaborasi tulisan Arab jeung motif atawa lukisan variasina," ceuk Kang Emha. Aya kalana, untuyan kaligrafi teh bangun ngambang dina beungeut sagara, atawa ngalayang di antara mega-mega.

Basa ditanya, lian ti ngarang jeung ngaligrafi, naon deui pangabisana teh, Kang Emha ngaheheh. "Andelan ngala fulus mah alias propesi mah nya diragragkeun kana widang kaligrafi, keur mah aya misi da'wah katambah hasilna mucekil turta bisa ngagajih anak balad," pokna. Inyana oge mahir dina seni vignet, ilustrasi jeung seni ukir hurup timbul.

Ti taun 90-an, ti mangsa lelengohan, tepi ka ayeuna geus aya ratusna masjid, musola, majlis jeung TK nu ngandelkeun jasa kaparigelan leungeun Kang Emha, nyebar di sababaraha wewengkon; Bandung, Sumedang, Bekasi, Tangerang,  Jakarta, Tasik, Garut, jeung sajabana. Kaasup kaligrafi logam di Masjid Jalan Wastukancana Kota Bandung.

Baca Juga: Jaran Lumping Kalangenan Sultan Ki Ageng Danalaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x