Jaran Lumping Kalangenan Sultan Ki Ageng Danalaya

- 4 Januari 2024, 20:00 WIB
Jaran Lumping ti Lohbener Indramayu.
Jaran Lumping ti Lohbener Indramayu. /

 

GALURA.CO.ID -Sultan Ki Ageng Danalaya anu kungsi mingpin Kasultanan Cirebon di abad XVII Maséhi  anu nyiptakeun kasenian jaran lumping (kuda lumping) téh. Ieu kasenian anu diciptakeunana diancokeun pikeun ngahibur kulawarga, masarakat,  jeung ngahibur sémah anu daratang ka karaton.

Baréto mah jaran lumping téh disebutna seni jaran birahi. Birahi ngandung harti kasmaran marining Pangérané (kudu éling ka Pangeran). Jadi masarakat  atawa sémah karaton anu  dihibur ku jaran lumping kudu aréling. Montong milampah pagawéan dosa jeung kudu getol ibadah ka Pangéran.

Ku kituna dina pagelaran jaran lumping sok maké kukudaan anu dijieun tina kulit munding. Ditumpakan, bari nu tumpakna parigel   nari, silat jeung gugulingan dina luhureun taneuh. Pirigan gamelanana waditarana di antarana kendang atawa dog-dog, kenong, kebluk, kening, kocrék, jeung goong.

Baca Juga: Dunya Usaha di Urang Kalindih ku Produk Luar Kitu Ceuk Longser Bandung Mooi

Pingpinan  jaran lumping disebutna malandang, purah ngariksa bisi pamaén kuda lumping teu aréling salila ngajalankeun atraksina. Apanan biasana pamaén kuda lumping sok kasurupan lelembut nepi ka teu éling. Tah ku malandang gancang diubaran ambéh teu katutuluyan.

Dina magelarkeun atraksina, jaran lumping sok maké gaya tari jaran belo, jaran sambrani, jaran windu sakti, jaran windu jaya, jeung jaran windu sekardiyu. Saban ganti adegan malandang sok nepikeun hartina,  nyontokeun  balukar jalma doraka jeung  kahirupan jalma anu hadé kalakuanana.

Ka béhdieukeun jaran lumping  anu baheulana kaceluk seni  luhung bogana karaton téh geus teu puguh juntrungna. Jaran lumping sok diparaké ngarala duit, ngaramén  ka pakampungan. Dina atraksina gé geus teu pararuguh, malah teu saeutik nu sok dibarengan jeung mabok-mabokan.

Lalajo jaran lumping matak resep. Nu dipikareueus lain dina widang kaparigelan senina, tapi dina kawedukanana. Padahal mah baheulana jaran lumping mah tara dipasieup ku atraksi kawedukan kawas jaran lumping kiwari.

Dina atraksina jaran lumping sok  magelarkeun nu ahéng-ahéng, saperti ngadahar jukut kawas kuda enyaan, mesék cangkang kalapa ku sungut, neureuy beling, nginum cai kolombéran, dipecutan sataker kebek, jeung rea-rea deui.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x