Warga Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung Jèngkèleun, BBWS Can Waè Ngarèalisasikeun Tol Air

- 10 Januari 2024, 15:47 WIB
Camat Margaasih Kabupaten Bandung, Djoko Mardianto jeung Pj Kepala Desa Margaasih, Cece Ismaya.
Camat Margaasih Kabupaten Bandung, Djoko Mardianto jeung Pj Kepala Desa Margaasih, Cece Ismaya. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Banjir nu remen kajadian di RW 10,11 jeung 12 Desa Margaasih Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung saban hujan  boh di Bandung boh di Cimahi jeung sabudeureunana kawas taya jalan keur ngungkulanana.

Warga geus ngarasa jèngkèl jeung teu lugina, sabab balukar banjir beuki lega nerekabna ka RW 14 jeung 15.

Pj Kepala Desa Margaasih, Cece Ismaya nètèlakeun, ampir di saban reses anggota DPRD Kabupaten Bandung, banjir di Desa Margaasih jadi aspirasi warga kumaha nèang bongbolonganana, najan kawenangan walungan jeung anak incuna nu dituding jadi panyabab banjir tèh aya di BBWS.

Baca Juga: Nyawalakeun Adeg-adeg jeung Tangtungan Sunda, Perlu Dirumuskeun deui

Ceuk Cece, pihak BBWS geus ngarencanakeun nyieun tol air, samalah ti taun 2020 geus aya sosialisasi jang ngabèbaskeun lahanna. Ngan tepi ka danget ayeuna can aya realisasina.

"Aya wartos sababaraha lahan di Desa Nanjung tos dibebaskeun. Tapi di Desa Margaasih teu acan aya pembebasan lahan. Simkuring miharep
di Desa Margaasih ogè aya pembebasan lahan supados naon nu janten harepan warga ngungukulan banjir ku cara ngabangun tol cai ngawujud. Mugia saenggalna tiasa dilaksanakeun, " ceuk Cece di kanrona, Rebo 10 /1/2024.

Camat Margaasih, Djoko Mardianto nètèlakeun, BBWS bolay ngawangun tol air di Margaasih, gagantina ku ngalegaan Walungan Cibeureum jeung sawatara walungan lianna di Margaasih.

Ceuk Djoko, naon waè keur tarèkah ngungkulan banjir di Margaasih, pihakna teu welèh ngarojong, samalah geus ngirim surat ka BBWS sangkan sagancangna direalisasikeun.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x