Disdik Kabupaten Bandung Ngagelar FLS2N 2024 Ngayak Pamilon keur ka Tingkat Jabar

- 30 April 2024, 20:34 WIB
FLS2N tingkat Kabupaten Bandung (30/04/2024).
FLS2N tingkat Kabupaten Bandung (30/04/2024). /Sopandi/galura.co.id



GALURA.CO.ID -Dinas Pendidikan (Disdik) Kabupaten Bandung ngagelar Festival Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N) tingkat Kabupaten Bandung di SDN Soreang 1, Salasa, 30 April 2024.

FLS2N  pikeun nyair pamilon nu bakal ngawakilan Kabupaten Bandung ka tingkat Provinsi Jawa Barat nu rencanana bakal dilaksanakeun bulan September 2024.

Samèmèhna FLS2N tingkat kecamatan geus dilaksanakan di sewang-sèwang kecamatan sawatara waktu kaliwat.

Acara FLS2N dibuka ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung, Dr. H Agus Firman Zaini. Diluuhan ku Sekretaris Disdik Hj Euis Sumiati, Kabid SD H. Dian Dihanudin katut rèng-rèngan.

Ketua Pelaksana FLS2N Kabupaten Bandung H. Amim Meriatna Subhan nètèlakeun, FLS2N 2024 Kabupaten Bandung diiluan ku 248 pamilon ti 31 kecamatan kalayan rupa-rupa lomba.

Ceuk Amim, kagiatan lumangsung sapoè jeput. Inyana miharep tina ieu kagiatan bisa kasair pamilon nu ogè bisa jadi pinunjuli di tingkat Propnsi Jawa Barat tina saban mata lomba.

Mata lomba nu dipatandangkeun: Pantomim, Seni Kriya, Nyanyi Solo, Cerita Bergambar, jeung Seni Tari.

koordinator Pengawas Jenjang SD sakabupaten Bandung, Entis Sutisna, M.Pd miharep kagiatan FLS2N bisa ngaguar potensi siswa dina pembelajaran Kurikulum Merdeka.

"Minangka agenda maneuh taunan pelaksanaan FLS2N di Kabupaten Bandung hususna di widang seni. Pantomim, Seni Kriya, nyanyi solo, cerita bergambar, sareng tari kalintang raket kaitanana dina proses pembelajaran kanggo ngembangkeun minat sareng bakat murangkalih, " ceuk Entis.

Entis boga targèt bisa pinunjul dina masing-masing mata lomba. " Tapi urang ningal kakutan nu aya. Intina urang percaya diri  urang nu pangsaèna" ceuk Entis.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah