Lomba Nganyam dina FLS2N Kecamatan Cikoneng Kabupaten Ciamis

- 14 Maret 2023, 11:00 WIB
SIswa SD di Kecamatan Cikoneng Kabupaten Ciamis keur miluan lomba anyaman dina FLS2N tingkat Kecamatan Cikoneng.
SIswa SD di Kecamatan Cikoneng Kabupaten Ciamis keur miluan lomba anyaman dina FLS2N tingkat Kecamatan Cikoneng. /Jarkasih/Galura

GALURA -Kordinator Pendidikan Kecamatan Cikoneng, Kabupaten Ciamis ngagelar Festival Lomba Seni Siswa Nasional (FLS2N). Salasahiji nu dilombakeunana: lomba anyaman, praktek nganyam nyieun rupa-rupa bentuk.

Nganyam teh kaparigelan nu aya patalina jeung seni, babakuna dina ngadumaniskeun warna anyaman jeung bentuk hasil anyaman. Nu matak dina FL2SN tingkat kecamatan anyaman dilombakeun, kitu deui dina FLS2N tingkat Kabupaten Ciamis.

FLS2SN digelar dina raraga ngaronjatkeun prestasi siswa, boh di bidang seni, budaya bahasa boh dina widang literasi, kaasup dina anyaman. Hasil tina ieu lomba baris ditandangkeun dina FLS2N tingkat Kabupaten Ciamis. Juara FLS2N tingkat kabupaten diabenkeun dina FLS2N tingkat Jawa Barat.

Baca Juga: Nyanghareupan Bulan Suci Ramadhan, Ciamis Ngagelar Operasi Pasar Murah

Ceuk Kordinator Pendidikan Kecamatan Cikoneng Kabupaten Ciamis, Drs, H. Amir udagan FlS2N teh keur nancebkeun jeung ngamumule budaya katut kaaripam lokal hususna di widang seni jeung budaya.

“FLS2SN oge evalulasi pembelajara jeung pembinaan kreativitas siswa. Siswa kudu boga kawani, kudu boga kreativitas jeung konpetitif sangkan janten SDM nu unggul,” pokna.*** Jarkasih

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x