Tilu Kali Noron Perumda Tirta Raharja Meunang HAMBK ti Australia, Taun Ayeuna Rp10,2 Miliar

- 9 Mei 2024, 07:43 WIB
Tilu kali noron PDAM Tirta Raharja Kabupaten Bandung meunang hibah ti Australia.
Tilu kali noron PDAM Tirta Raharja Kabupaten Bandung meunang hibah ti Australia. /Sopandi/galura. co.id



GALURA.CO.ID -Pamarèntah Kabupaten Bandung lebah dieu Perumda Air Minum Tirta Raharja, meunang deui dana Hibah Air Minum Berbasis Kinerja (HAMBK) ti pamarentah Australia. 

Bantuan hibah Rp10,2 miliar jang taun 2024  dipasrahkeun Duta Besar Australia keur Perubahan Iklim, Kristin Tilley, ka Bupati Bandung Dadang Supriatna, di Kantor Perumda Air Minum Tirta Raharja, Jalan Kolonel Masturi Kelurahan Cipageran Kota Cimahi, Rebo, 8 Mei 2024.

Bupati Bandung nganuhunkeun ka Kedutaan Besar Australia nu geus nolih ka Kabupaten Bandung liwat Perumda Tirta Raharja.

"Alhamdulillah, noron tilu taun kènging hibah ti kedubes Australia ti taun 2021, 2022, 2023 sareng 2024, nu totalna salami tilu taun tèh Rp13,1 milyar.  Taun 2024 ini bantosan hibahna kan Rp 10,2 milyar," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati nyebutkeun dina taun 2021, dana HAMBK ti Australia keur Perumda Tirta Raharja kana Rp720 juta. Taun 2022 Rp435 juta, taun 2023 undak jadi Rp1,722 milyar katut taun 2024 undak deui Rp10,293 milyar. Total HAMBK nu ditarima Pemkab Bandung  Rp13,170 miliar. Dana asup ka kas daerah.

"Simkuring ngahaturkeun nuhun ka Kedubes Australia, kumargi ngalangkungan program Kemitraan Indonesia-Australia kanggo Infrastruktur (KIAT) bantosan HAMBK ka Perumda Tirta Raharja teras ningkat unggal taun," ceuk Bupati Bedas teh.

Dana hibah, ceuk Dadang, terus undak saban taun lantaran Perumda Tirta Raharja terus narèkah satèkah polah pikeun nyumponan 11 indikator nu jadi pasyaratan pikeun bisa narima dana hibah.

"Hatur nuhun ogè ka rèngrèngan Perumda Tirta Raharja nu parantos ngabuktoskeun
prestasi saè kinerjana  boh dina palaksanaan program damel, boh pertanggungjawabanana, dugi ka saban taun teras kenging kapercantenan ti pamarèntah Australia dina raraga nyanghareupan parubahan iklim," ceuk Dadang.
 
Pihakna miharep rukun gawè KIAT  bisa nuluy jeung bisa leuwih gedè deui dana hibah nu ditarima Pemkab Bandung kahareupna. 

Direktur Utama Perumda Air Minum Tirta Raharja, A. Teddy Setiabudi nambahkeun, pihakna minangka salasahiji ti lima Perusahaan Daerah Air Minum (PDAM) nu aya di Indonesia nu narima dana HAMBK.

Ngan, ceuk Teddy, ti lima PDAM sa-Indonesia, ukur Perumda Tirta Raharja Kabupaten Bandung nu bisa nyumponan 11 indikator atawa sakabèh parameter kinerja nu ditetepkeun pamarèntah Australia.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah