Perumda Air Munum Tirta Raharja Mitembeyan Aub kana BUMD Award 2024 Langsung Dileler Pangajèn

- 22 Maret 2024, 13:47 WIB
Kabupaten Bandung ngaborong 5 pangajèn dina BUMD Award 2024..
Kabupaten Bandung ngaborong 5 pangajèn dina BUMD Award 2024.. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Perumda Air Minum Tirta Raharja (PDAM) Kabupaten Bandung dileler pangajèn Bintang 5 Top BUMD Award 2024. Pangajèn ieu ti TOP Business rukun gawè jeung Institut Otonomi Daerah (i-OTDA), katut sajumlah lembaga sèjènna, nu dijejerna: “Penguatan Tata Kelola dalam Membangun Kinerja Bisnis dan Layanan BUMD”.

Direktur Umum Perumda Tirta Raharja Welly Nugraha nètèlakeun, najan Perumda Tirta Raharja mitemneyan taun ieu milu kana pameunteunan BUMD Award 2024, tapi inyana syukur bisa langsung meunang pangajèn.

"Alhamdulillah. Ieu tèh kumargi dukungan Bupati Bandung, Pa Dadang Supriatna minangka pembina, sareng komitmen nu kiat ti simkuring saparakanca dina pangembangan pausahaan,” ceuk Welly kamari.

Baca Juga: Karasa Mangpaatna ku Warga Bupati Bandung rèk Nuluykeun 13 Program Prioritas

Tina hasil pameunteun juri, Perumda Tirta Raharja dianggap geus ngalarapkeun inovasi teknologi jeung informasi, tata kelola manajemen nu alus, teknis manajemen, jeung pameunteun GCG ti BPKP kalayan kategori baik sekali (92,25).

Iwal ti kitu, aspek keuangan, operasional, SDM, layanan pelanggan, geus dihadè-hadè, tur kontribusina gedè dina pangwangunan daerah dina 1-2 taun katompèrnakeun, ogé jadi tinimnangan dina pameunteun.

Nurutkeun Welly, pausahaan cai inum bogana Kabupaten Bandung  loba pisan kamotèkaranana tur ngaronjatkeun kinerja tepi ka  teu ukur mampu ngaronjatkeun pendapatan daerah, tapi ogè mampu mèrè pangladèn nu leuwih hadè ka masarakat.

Salasahijina ayana aplikasi TiraQu nu ngalantarankeun pelanggan bisa leuwih deukeut tur babari ngakses pangalayan, ti babayar, nepikeun bangbaluh, samalah pendaftaran ngajukeun saluran cai bersih pikeun pelanggan anyar.

Baca Juga: Top BUMD 2024, Pemkab Bandung Ngaborong 5 Pangajèn

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x