Top BUMD 2024, Pemkab Bandung Ngaborong 5 Pangajèn

- 21 Maret 2024, 07:57 WIB
Kabupaten Bandung ngaborong 5 pangajèn dina  BUMD Award 2024..
Kabupaten Bandung ngaborong 5 pangajèn dina BUMD Award 2024.. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung Dadang Supriatna minangka Kuasa Pemilik Modal (KPM) Perumda Tirta Raharja narima pangajèn Top Pembina BUMD 2024, nu digelar di Raffles Jakarta, Rebo, 20 Maret 2024.

Ari Direktur Utama Perumda Tirta Raharja, Teddy Setiabudi dileler Top CEO BUMD. Perumda Tirta Raharja  dilejer predikat Bintang 5 Top BUMD.

BUMD anyar, PT Bandung Daya Sentosa (BDS) Kabupaten Bandung, meunang predikat Bintang 4 Top BUMD jeung Dirut PT BDS Dr. Yanuar Budinorman, SE nyangking predikat Top CEO BUMD.

Baca Juga: Ngistrènan Direksi jeung Komisaris BUMD Bupati Bandung Husus ka Perumda Tirta Raharja Tingkatkeun Pangladen

Jadi, total 5 pangajèn sakaligus diborong Pemkab Bandung dina BUMD Award 2024.

Bupati Bamdung Dadang Supriatna ngedalkeun rasa syukur ku pangajèn tadi. Inyana miharep ku kahontalna pangajèn  bisa leuwih ngamotivasi dirina jeung rèngrèngan Pemkab Bandung pikeun ngalaksanakeun tur ngagancangkeun tumuwuhna ekonomi masarakat Kabupaten Bandung.

TOP BUMD Awards tèh kagiatan corporate rating atawa pamasrahan pangajèn ka BUMD-BUMD nu punjul saindonesia.

TOP BUMD Awards 2024 digelar TOP Business rukun gawè jeung Institut Otonomi Daerah (i-OTDA), katut sajumlah lembaga lianna. Top BUMD taun ieu jejerna ”Penguatan Tata Kelola dalam Membangun Kinerja Bisnis dan Layanan BUMD.”

Aspek pamanteun nu diguar ku dewan pangajen BUMD nu kapilih jadi finalis, di antarana kinerja alus sacara online, operasional, SDM, layanan pelanggan, jeung ngalakukeun improvement atawa memener , tur kontribusina gedè dina pangwangunan daerah dina taun 1-2 tahun katompernakeun.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x