Ngistrènan Direksi jeung Komisaris BUMD Bupati Bandung Husus ka Perumda Tirta Raharja Tingkatkeun Pangladen

- 13 Oktober 2023, 19:45 WIB
Bupati Bandung ngistrènan  direksi jeung komisaris perumba (13/10/2023).
Bupati Bandung ngistrènan direksi jeung komisaris perumba (13/10/2023). /Sopandi/galura

GALURA. CO.ID- Bupati Bandung, Dadang Supriatna ngistrènan tur ngukuhkeun rèngrèngan Direksi jeung Komisaris Perumda Air Minum Tirta Raharja, di Rumah Dinas (Rumdin) Bupati di Sorang, Juma'ah (13/10/2023).

Bupati Bandung meredih sangka rèngrèngan Direksi katut Komisaris Perumda Air Minum Tirta Raharja museur dina ngaronjatkeun auban pangladen cai ka masarakat, hususna di lima kecamatan nu can meunang cai bersih: Kecamatan Cilengkrang, Cimenyan, Kertasari, Cimaung jeung Kecamatan Nagreg.

Bupati Bandung meredih sangkan PDAM Tirta Raharja terus ngaronjatkeun kualitas cai baku jeung pangladèn ka para palanggan.

Baca Juga: Angklung, Kesenian Asli Sunda, Ngandung Falsapah nu Jero

Iwal ti ngistrènan rèngrèngan Direksi jeung Komisaris Perumda Air Minum Tirta Raharja, dina waktu nu sarua Bupati Bandung ogè ngistrènan Direksi jeung Komisaris PT Bandung Daya Sentosa (BDS), jeung PT Citra Bangun Selaras (CBS) katut dua Dewan Pengawas RSUD Otista jeung RSUD Majalaya.

Bupati Bandung mèrè waktu ukur tilu bulan ka jèngrèngan Direksi jeung Komisaris BUMD Kabupaten Bandung nu cikènèh diistrènan  pikeun nèmbongkeun kadariaan gawè katut kinerjana.

Mun seug dina waktu tilu bulan teu bisa nunjukkeun kinerja nu hadè tur mawa kamajuan keur BUMD nu dipupuhuanana, Bupati Bandung balaka bakal ngaevaluasi ku cara ngarombak deui boh  rèngrèngan direksi, Komisaris boh Dewan Pengawas BUMD.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x