Urang Tionghoa di Nusantara Tadina Nyimpang Alatan Ngadagoan Angin Loba nu Terus Bumetah

- 13 Oktober 2023, 18:37 WIB
Vihara Dewi Welas Asih   di Jalan Kantor No. 2, Kampung Kamiran, Cirebon, diadegkeun taun 1595. Vihara nu pangbuhunna di Kota Cirebon diadegkeun ku urang Tionghoa nu dumuk di  Nusantara.
Vihara Dewi Welas Asih di Jalan Kantor No. 2, Kampung Kamiran, Cirebon, diadegkeun taun 1595. Vihara nu pangbuhunna di Kota Cirebon diadegkeun ku urang Tionghoa nu dumuk di Nusantara. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Urang Tionghoa daratang ka Nusantara geus lila pisan, geus ti jaman samemeh masehi. Malah bisa jadi ti saprak jalur sutra nu nepungkeun dataran Tionghoa jeung Timur Tengah.

Tadina Nusantara lain tujuan utama urang Tionghoa (urang China) dina neangan tempat bubuarana. 

Ku sabab Nusantara tempat strategis dina jalur niaga internasional jeung ngahasilkan komoditi nu pada mikabutuh jeung pada neangan, ahirna urang Tionghoa daratang ka Nusantara sarta tuluy bumen-bumen.

Baca Juga: Bewara tina Naskah Bujangga Manik, Tetela Akurat, salasahijina Kumitir Tembok Benteng Karaton Mapajahit

Hubungan dagang antara Tiongkok (China) jeung Nusantara geus lila pisan. Bukti-bukti arkeolog jeung filologi nu kapanggih di Tiongkok nembongkeun urang Tionghoa geus wanoheun ka Nusantara ti jaman Samemeh Masehi (Sebelum Masehi, SM).

Kecap Nusantara kapanggih dina kronik Dinasti Han jaman pamarentahan Kaisar Wang Min. Kaisar Wang Win nyekel pamarentahan dina periode 6-1 taun SM. Ku urang Tiongkok harita, Nusantara disebutan Huang-Tse.

Catetan ti Dinasti Han ngajentrekeun hubungan resmi antara Tiongkok jeung Jawadwipa (Jawa) geus ti taun 131 SM. Dinasti Han nyekel kakawasaan di Tiongkok kawilang lila.

Baca Juga: Naskah Bujangga Manik, Kapanggih ti Kawali Ciamis, Penting keur Nalungtik Sejarah jeung Toponomi Pulo Jawa

Gede kamungkinan urang Tionghoa wanoheun ka Nusantara sarta ngayakeun hubungan resmi jeung panguasa di Nusantara jauh samemeh jaman Dinasti Han.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x