GALURA.CO.ID -Naskah Bujangga Manik titingal ahir abad ka-15 atawa awal abad ka-16 mungguh sejarah Pulo Jawa kalintang pentingna, babakuna keur nyuckcruk topografi. Bewarana bisa dipake patokan keur panalungtikan sejarah.
Naskah Bujangga Manik teh naskah Sunda nu kaasup penting pisan, boh tina jihad sastra, topografi, boh tina sejarah. Tina jihad sastra teks Bujangga Manik nu nyaritakeun lalampahan Bujangga Manik ngurilingan Pulo Jawa jeung Bali bentukna dina wangun puisi, unggal baris (larik) aya dalapan engang (suku kata).
Ieu naskah titinggal ahir abad ka-15 atawa awal abad ka-6. Naskah Bujangga Manik kapanggihna ti Kawali Ciamis, anu nimukeunana sudagar Inggris. Ditulis dina daun palem, ku eta sudagar dibawa ka Inggris sarta taun 1627 (aya nu nyebutkeun taun 1629) dipasrahkeun ka pabukon (perpustakaan) Bodleian di Oxford (Inggris). Eta naskah tepi ka ayeuna masih dirumat kalayan hade.
Baca Juga: Pangeran Wangsakerta, Sejarawan Legendaris Cirebon Ngalelempeng Riwayatna Sorangan
A.Teeuw dina bukuna Bujangga Manik dan Studi Sunda, ngira-ngira lalampahan Bujangga Manik atawa lalampahanana ditulis dina jaman Kesultanan Malaka masih ngawasa jalur niaga Nusantara, samemeh Malaka dicangking ku Portugis taun 1511. Ku kituna bisa disebutkeun naskah Bujangga Manik teh jaman Sri Baduga Maharaja.
Rahib
Bujangga Manik teh bangsawan Karajaan Sunda (Pakuan Pajajaran), ngaran aslina mah Jaya Pakuan. Inyana teu hayangan ngajabat di pamarentahan, teu hayangeun bogaeun kalungguhan, leuwih milih jadi rahib. Inyana narah tilar dina kaayaan ngagugulung kadunyaan jeung kalungguhan mungguh duniawi.
Ceuk Jaya Pakuan dina Naskah Bujangga Manik: Nyiar lemah pamasaran/ nyiar tasik panghanyutan/ pigeusaneun aing paéh/ pigeusaneun nunda raga ‘neangan tempat keur dimakamkeun/. Hartina:‘neangan talaga keur tilem/ tempat keur mulang ka asal/tempat keur ninggalkan raga badag.’ Jadi nu diudagna kasampurnaan spiritual.
Bujangga Manik milangkori atawa ngalalana teh dua dua kali. Anu munggaran, miangna ti Pakancilan di Pakuan Pajajaran, ukur tepi ka Pamalang (Pemalang) di Jawa bagean tengah. Inyana balik deui lantaran sono ka nu jadi indungna. Lalampahan kadua, sarua miangna ti Pakancilan jeung ngaliwatan Pulo Jawa bagean tengah, tepi ka Bali.
Baca Juga: Alatan Ekspansi Cirebon, Ceuk Sakaol Ny.Rambut Kasih Ngagem Agama Islam