Alatan Ekspansi Cirebon, Ceuk Sakaol Ny.Rambut Kasih Ngagem Agama Islam

- 2 Oktober 2023, 12:16 WIB
Patilasan Nyi Rambut Kasih, ceuk sakaol Nyi Rambut Kasih ngagem agama Islam.
Patilasan Nyi Rambut Kasih, ceuk sakaol Nyi Rambut Kasih ngagem agama Islam. /Nding Masku/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Raja pamungkas Sindangkasih, karajaan leutik di wewengkon Majalengka kiwari jaman mimiti sumebarna Islam di Tatar Sunda, Nyi Rambut Kasih, kungsi ka Kuningan.

Nyi Rambut Kasih, ratu ti Karajaan Sindangkasih (kiwari Majalengka) kungsi ka Kuningan. Kitu ceuk sejarah tradisional di Désa Pajawanlor, Kacamatan Ciawigebang, Kabupatén Kuningan. Malah batu nu dianggap urut tatapakan saung paranti reureuh Nyi. Rambut Kasih ogé aya kénéh, sarta dianggap boga kaahéngan.

Hiji mangsa Nyi Rambut Kasih katatamuan ku utusan ti Cirebon. Di antarana Syéh Abdulmuhyi, nu jagana lalampahanana dituluykeun ka Tasikmalaya jeung Syéh Bayanullah nu engkéna tetep tumetep di Kuningan. Duanana, meunang pancén sangkan ngislamkeun urang Karajaan Sunda.

Baca Juga: Sapton, Olahraga Has Kabupaten Kuningan, Kungsi Dipake Ngarurug Rajagaluh

Syéh Abdulmuhyi jeung Syéh Bayanullah ngajak sangkan Nyi Rambut ngagem agama Islam. Ageman nu ti heula kudu ditinggalkeun.  Nyi Rambut Kasih nampik sapajodogan. Duana disina mulang deui ka Cirebon. Samulangna utusan ti Cirebon, Nyi Rambut Kasih ngaraga meneng. Dina eronganana bakal datang deui utusan.

Nu dipikhariwangna, ku remen-remena utusan ti Cirebon datang ka Karajaan Sindangkasih, tangtu bakal jadi bibit buit nu teu hadé keur karajaanana. Ku sabab kitu, Ny Rambut Kasih meres utekna sangkan bisa nyinglar kahayang Sunan Gunung Djati. Tapi tacan katimu jalan kaluarna. Mun kudu perang, moal bisa ngalawan lantaran pasukan Cirebon kawilang tohaga.

Miang ka Luragung

Komo deui, Karajaan Sindangkasih lain kaasup karajaan badag, mun dikategorikeun mah teu jauh ti buyut haden (satingkat kabupatén). Geus kajudi sageprakan ogé bakal kasoran. Antukna boga pamikiran hayang ngawangkong jeung Wangsakera di Luragung. Rék ngumaha sangkan urang Cirebon henteu neregteg teuing datangna.

Paling henteu urang Cirebon ngahargaan  karajaan nu rajana teu ngagem agama nu sarua jeung urang Cirebon. Ulah mamaksa pindah ageman. Miang ka Luragungna mapay-mapay tutugan Gunung Cireme beulah kalér. Mun ngaliwatan Gunung Gundul (Palimanan), hég maké karéta kuda wadya balad Cirebon bakal nyarahoeun.

Baca Juga: Ngadegna Pasar Baru Bandung, Alatan Huru-Hara Munada

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah