Ngadegna Pasar Baru Bandung, Alatan Huru-Hara Munada

- 20 September 2023, 06:00 WIB
Pasar Baru Bandung jaman Walanda. Dibangun alatan Huru-Hara Munada  nu ngalantarankeun Pasar Guriang di Jalan Kepatihan kahuruan.
Pasar Baru Bandung jaman Walanda. Dibangun alatan Huru-Hara Munada nu ngalantarankeun Pasar Guriang di Jalan Kepatihan kahuruan. /

GALURA.CO.ID -Munada teh urang Tionghoa. Ngaran aslina mah Liem Sang. Asalna ti Kudus, Jawa Tengah. Teu beda jeung umumna urang Tionghoa pacabakanana kana dagang. Munada lampar pisan. Dagangna lain ngan ukur ukur di Kudus, tapi oge ka wewengkon Jawa Barat. Malah saterusna mah tumetep di Cianjur.

Di Cianjur Liem Sang jual beuli munding, kuda jeung sado sapuratina. Seukeut oge dina dagangna mah. Harita Jalan Raya Pos geus ngabulungbung. Tina kituna diperlukeun alat transportasi, lebah dieu sado nu ditarik ku munding atawa kuda. Munding dipakena dina jalan nu nanjak mudun, ari kuda di jalan nu lempeng, mun nanjak oge henteu netek.

Waktu puseur dayeuh Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, Liem Sang oge pindah ka Bandung. Samemeh pindah ka Bandung pindah agama, ngagaem agama Islam sarta ngaranna diganti jadi Munada. Liem Sang memehna ngadenge Bandung teu narima urang asing mun rek tumetep di Bandung. Eta kawijakan diterapkeun ti taun 1821 tepi ka 1852.

Baca Juga: Subanglarang, Pasukan Berkuda nu Nyerang dina Waktu Subuh, Prabu Siliwangi Ngagem Agama Islam

Ku ngagem agama Islam jeung ganti ngaran, Liem Sang jadi leuwih ditarima ku urang Bandung sarta saterusna bumen-bumen di Bandung. Pacabakanana angger dagang. Sanggeus di Bandung bisnisna lain nyadiakeun munding, kuda jeung sado, tapi kana kaen kain batik, laken, madras, encit (lawon), jeung kanteh.

Diboro ku pajabat Karesiden

Di Bandung, sakumaha nu dicaritakeun dina Wawacan Carios Munada nu ditalungtik ku Edi S.Ekadjati suwargi (1993), Munada teu weleh make baju muslim. Munada oge tara kilawat solat jeung puasa. Ngan bubuhan adat geus kakurung ku iga meureun, ari kana udud candu (ganja), ngadu, pulang-paling, jeung rucah mah angger dipaju, angger maceuh.

Alatan bisnina ngarekahan, Manuda jadi wawuh jeung para priyai atawa pajabat. Lain ukur priyayi bangsa pribumi, tapi oge jeung pajabat karesidenan. Malah wawuheun jeung asisten Residen nu ngaranna Carl Wilhelm August Nagel. Lain ukur wawuh tapi oge loma. Manuda sohor pinter ngomong, pinter ngayakineun jalma.

Najan binisna maju, tapi ku sabab resep ngadu, ngaganja jeung rucah, Munada mindeng kakurangan duit. Pawit atawa modalna oge kapake. Sangkan boga modal deui, Munada mindeng nginjeum ka nagara tepi ka hutangna ngahontal lobana 300 gulden. Hutangna teu kabayar. Nagel, ngutus ajudanana nu ngaranna Baron, sina nagih.

Munada ahirna nepungan Nagel, sundak-sanduk teu bisa mayar sarta meredih Nagel saheulaanan nalangan hutangna ka nagara. Nagel ngaheueuhan, tanjakanana Munada kudu kudu daek mengjualkeun munding bogana Nagel di Balubur, Limbangan. Mundingna teh lobana 12, genep rakit (genep pasang).

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x