Toponomi Sadananya Kabupaten Ciamis Ceuk Tradisi Lisan Dumasar kana Sipat Wargana

- 5 September 2023, 11:57 WIB
Patilasan Makam Embah Dalem di Kampung Cimamut, Désa Mekarjadi Kacamatan Sadananya, Kabupaten Ciamis.  Aya pataalina jeung toponomi Sadayana.
Patilasan Makam Embah Dalem di Kampung Cimamut, Désa Mekarjadi Kacamatan Sadananya, Kabupaten Ciamis. Aya pataalina jeung toponomi Sadayana. /Nanang S/galura.co.id/

GALURA.CO.ID -Di Sunda sasakala atawa toponomi ngaran tempat teh nyokona kana kaayaan alam jeung pangeusina. Di wewengkon Sadananya Kabupaten Ciamis ngaran lembur teh dumasar kana sipat jeung karakter wargana.

Kungsi ngahaja mapay galur ka wewengkon Cimamut tuluy leumpang mahpral jalan lembur. Ngulon mun ti puseur dayeuh Kabupatén Ciamis mah, anggana kurang leuwih dua kilometeran. Patilasan Makam Embah Dalem pernahna di Kampung Cimamut, Désa Mekarjadi Kacamatan Sadananya, Kabupaten Ciamis.

Patilasan makam Embah Dalem ngalunggirik dina lahan kurang leuwih dua puluh ka dua puluh méter rubakna. Hamo moal bireuk deui, saha ari Radén Sembah Dalem nu sok disingget jadi Mbah Dalem teh: karuhun urang Cimamut. Anu jaman keur jumenengna anjeunna jadi dalem, lamun jaman kiwari mah satingkat Bupati nu mupuhuan kabupaten.

Baca Juga: Gunung Guntur Garut Kungsi Jadi Gunung Pangaktifna Sanusantara

Titis tulis ti ajali, dalem ti dayeuhna téh tepi kana mangsana sah di dunya sarta dikurebkeun di hiji mumunggang lelewek Cimamut. Ieu pasaréan téh ti baheulana mula ka koncara ku sesebutan Makam Dalem. Makam Dalem aya di undakan paling luhur amparan makam lianna. Pasaréanna kapipindingan ku tangkal caringin jeung kakayon lianna.

Ceuk Ibu Hajah Ati, 60 taun, pituin urang Cimamut, kalawan nampa ti aki katut buyutna éta makam téh situs alam anu dijaga ku adat karuhun jeung tatali pamali. Di antarana lamun jaroh ulah disendal, dimimitian ku uluk salam, ti barang asup kudu ngémpor, tujuanana mah pikeun ngahormat ka nu sumare di dinya.

Ngahajakeun ngobrol jeung pamuda nu dumuk di sabudeureun makam Mbah, ceuk maranéhna keur leutik kungsi dianteur ku indung bapana jarah ka makam bari mawa nyéré. Nyéréna diteundeun di luhur makam, tuluy ngadunga. Lamun sapu nyéré manjangan, jaganing géto, geus kolotna cenah bakal jadi pangkat atawa parek rejekina.

Ceuk Ibu Hajah Ati kénéh dina ujaring carita lembur jaman baheula, awalna ti puseur dayeuh ngurunyung dalem mun jaman kiwari mah satata jeung bupati. Kolot-kolot baheula anu dumuk di sakuliah éta lembur nyebutna téh Embah Dalem. Harita Mbah Dalem kakoncara kasaktianana, malah bisa mancala putra-mancala putri.

Baca Juga: Melati di Tapal Batas, Kanyaah Tentara ka Rumaja Putri nu Bajuang di Medan Perang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah