Raja Sunda Tarusbawa Ngarerepeh Patelakna Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya

- 21 Juni 2023, 11:30 WIB
Ratu Sima, raja di Karajaan Kalingga. Kungsi patelak jeung Karajaan Sriwijaya, rek sader-dereun perang, ngan direrepeh ku Tarusbawa (Poto: @ai nusantara).
Ratu Sima, raja di Karajaan Kalingga. Kungsi patelak jeung Karajaan Sriwijaya, rek sader-dereun perang, ngan direrepeh ku Tarusbawa (Poto: @ai nusantara). /

GALURA -Teu kacaturkeun kumaha mimitina, taun 686 M antara Karajaan Kalingga nu dicangking ku Ratu Sima jeung Karajaan Sriwijaya nu harita dirajaan ku Dapunta Hiyang Jayanasa harengheng. Malah rek der pisan perang, ngan direrepeh ku Tarusbawa, raja Sunda.

Dapunta Hiyang Jayanasa siap ngirimkeun angkatan perang Karajaan Sriwijaya ka Pulo Jawa pikeun ngarurug Karajaan Kalingga. Ratu Sima oge geus tatan-tatan, leuwih-leuwih kaisar Cina nu ti Dinasti Tang geus ngajangjikeun bantuanana. Raja Sunda, Tarusbawa, henteu cicingeun.

Perang antara Karajaan Sriwijaya jeung Karajaan Kalungga, dua karajaan nu kawilang badag jaman harita, henteu kajadian, padahal angkatan perang dua pihakanana geus samakta, geus siap-siap ka medan perang. Ratu Sima jeung Dapunta Hiyang Jayanasa bisa dilelemu ku raja Sunda Tarusbawa.

Baca Juga: Jaman Karajaan Sunda Galuh, Kawali di Kabupaten Ciamis kungsi Mibanda Kalungguhan Penting

Karajaan Kalingga atawa Karajaan Sima, pernahna di Desa Simo, Kabupaten Boyolali, ti taun 300 Masehi tumuwuh jadi karajaan nu badag, wewengkon kakawasaanana ngawengku Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Taun 674 M, Karajaan Kalingga dipingpin ku Ratu Sima, kaceluk geulis kawanti-wanti, endah ka bina-bina. Ratu Sima ngayakeun hubungan jeung nagri Cina, sanggeus salahsaurang tokoh ti nagri Cina, Hwi Ning datang ka Kalingga. Hwi Ning neuleuman agama Budha-Hinayana di paguron urang Keling (India).

Ku raketna hubunganana, panguasa Cina, harita Cina dicangking ku dinasti Tang, ngajangjikeun bantuan angkatan perang mun Ratu Sima nyanghareupan musuh. Mun Karajaan Kalingga diserang ku musuh ti mana wae, Cina bakal mantuan.

Salasahiji siwi Ratu Sima, ngaranna Partiwi, nu geus digadangkeun jadi putri mahkota, bakal ngaganti indungna jadi ratu Kalinggga, kawin ka Prabu Mandimanyak, panguasa Karajaan Galuh.

Ku kituna antara Karajaan Galuh jeung Karajaan Kalingga teh dihubungkeun ku tali perkawinan. Komo sanggeus Partiwi jadi ratu Kalingga mah. Hubungan Karajaan Galuh jeung Kalingga raket pisan, lain ukur pedah Mandimanyak jadi bojo Partiwi.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x