Kabupaten Ciamis Mulang deui ka Kabupaten Galuh, Sejarah Galuh Bagian Awal Leubeut ku Mitos

- 9 Maret 2023, 09:37 WIB
Situs Samida di Rajadesa Ciamis, bisa leuwih ngeuyeuban sejarah Galuh.
Situs Samida di Rajadesa Ciamis, bisa leuwih ngeuyeuban sejarah Galuh. /Nanang S/Galura

 

GALURA -Ngeunaan sejarah Galuh nu ayeuna ngaranna Ciamis panjang pisan. Periodisasi nu diliwatanana: jaman pra-sejarah, jaman karajaan (abad ka-8 – abad ka-16). Bagian awal sejarah Galuh leubeut ku mitos.

 Ti jaman karajaan disambung ka jaman kakawasaan Mataram, kakawasaan Kompeni jeung Belanda (ahir abad ka-16 – awal taun 1942), Jepang (1942 – 15-8- 1945), jeung jaman kamerdekaan (17 -8- 1945 – tepi ka ayeuna). Periode nu ieu mah mitos ngurangan.

Lalampahan sejarah Galuh nu sakitu panjangna teh tepi ka danget ieu, tepi ka ngaranna jadi Ciamis, tacan kaungkab sacara komprehensip. Malah sababaraha bagean atawa episode sajarah Galuh masih “poek”.

Baca Juga: Ratu Sima ti Karajaan Kalingga, sanggeus Hwi Ning Nganjang, Raket Hubunganana jeung Cina

Salian ti eta, ku sabab sejarah Galuh jaman karajaan nu masih loba nu kacampuran ku mitos atawa legenda, teu aneh mun leunjeuran ngeunaan Galuh jaman karajaan aya sababaraha versi.

Sejarah Galuh perlu diungkab. Mangpaat sajarah lain ngan ukur ngabejaan ngeunaan kaayaan jaman ka tukang-tukang, tapi oge keur atikan (edukatif).

Sejarah malah ngabogaan pungsi pragmatik (bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoe), hususna keur pemda daerah satempat. Sajarah teh proses kausalitas nu terus-terusan silihsambung ti jaman ka jaman.

Kahirupan ayeuna hasil tina kahirupan jaman ka tukang, kahirupan ka hareup gumantung kana sikep urang dina ngeusina jaman nu ayeuna keur disorang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x