Syeh Abdul Muhyi nu Nyebarkeun Agama di Pamijahan Kabupaten Tasikmalaya, cenah Rundayan Raja Pajajaran

- 6 Maret 2023, 12:00 WIB
Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmalaya. Ceuk sakaol Syeh Abdul Muhyi turunan raja Pajajaran.
Makam Syeh Abdul Muhyi di Pamijahan Kabupaten Tasikmalaya. Ceuk sakaol Syeh Abdul Muhyi turunan raja Pajajaran. /Nanang S/Galura

GALURA -Pamijahan, Kabupaten Tasikmalaya, kakoncara tempat jaroh. Di dinya dikurebkeun Syeh Abdul Muhyi, nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Tasikmalaya. Ceuk sakaol inyana teh rundayan raja Pajajaran.

Syeh Abdul Muhyi nu dipercaya luluhurna teh raja Pajajaran, nyebarkeun agama Islam di wewengkon Kabupaten Tasikmalaya. Matak makamna di Pamijahan.

Anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon sejen di luar Kabupaten Tasikmalaya, saperti di Kabupaten Garut, Kabupaten Ciamis, loba nu ngaku rundayan Syeh Abdul Muhyi ti Pamijahan sarta ka luhurna raja Pajajaran, paling henteu ngaku muridna Syeh Abdul Muhyi.

Baca Juga: Pamanggih Lianna: Urang Kanekes atawa Baduy Asalna ti Banten Kaler nu Narah Biluk ka Sultan Maulana

Saha ari Syeh Abdul Muhyi? Ti mana asalna? Aya dua kaol atawa versi. Kaol kahiji nyebutkeun Syeh Abdul Muyi teh masih rundayan Mataram.

Ngaran bapana Syeh Abdul Muhyi teh Pamekel Pertempuh, seuweu Sultan Mataram, ari biangna ngaranna Nyi Gdeng Kudrat, siwi panguasa Timbanganten. Jadi Syeh Abdul Muhyi boga getih Sunda jeung Jawa.

Bisa tepungna jeung wanoja Sunda, Pamekel Pertempuh resep ngalalana ka wewengkon sejen, kaasup ka Tatar Sunda. Lila dumuk di Timbanganten tepi ka kawinna  jeung siwi putri panguasa Timbanganten.

Pamekel Partempuh henteu terus tumetep di Timbanganten, bareng jeung bojona ngalalana deui ka wewengkon Cikelet, Garut. Pamekel Partempuh tilar di Cikelet. Seuweuna umurna masih 6 taun nu beh dieu kakoncara ku ngaran Syeh Abdul Muhyi.

Baca Juga: Baduy Urang Kanekes Naha Enya Asalna ti Pajajaran?

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x