Mataram Konfrontasi jeung Kumpeni di Batavia, Umbul Sukakerta Jadi Bupati Sukapura

- 25 Februari 2023, 11:30 WIB
Kantor Bupati Sukapura jaman Belanda. Mun Mataram teu ngarurug Kumpeni di Batavia, Kabupaten Sukapura moal aya.
Kantor Bupati Sukapura jaman Belanda. Mun Mataram teu ngarurug Kumpeni di Batavia, Kabupaten Sukapura moal aya. /

 

GALURA -Awal abad XVII Masehi, Mataram, Banten, jeung VOC atawa Kumpeni parebut pangaruh di Pulo Jawa, kaasup di Priangan. Mataram kungsi merangan Kumpeni di Batavia, ari jeung Banten mah tacan kungsi konfrontasi.

Pikeun nyieuhkeun Kumpeni, Mataram nyerang Kumpeni nu ngamarkas di Batavia, dua kali entragan, ngan gagal di antarana alatan Dipati Ukur, panguasa Tatar Ukur (Bandung) dianggap hianat ka Mataram pedah nyanyahoanan nyerang Kumpeni.

Dipati Ukur dianggap baruntak. Meupeus keuyang pedah gagal nalukeun Kumpeni di Batavia, Mataram satekah polah meruhkeun kakuatan Dipati Ukur kalayan ngeprak panguasa wilayah di Priangan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (38), Di Karaton Surawisesa, Maharaja Sakti Nyoreang Sejarah Luluhurna

Dipati Ukur bisa dipareuman, anu dianggap gede jasana dileler hadiah wewengkon kabupatian (kabupaten). Salahsaurang nu dibere hadiah kabupaten teh Wirawangsa, umbul atawa kadaleman Sukakerta.

Wirawangsa diangkat jadi bupati Sukapura kalayan gelarna Wiradadaha I. Piagam pangangkatanana langsung ti Sultan Agung Mataram, titimangsana tanggal 9 Muharram Taun Alip nu mun tanggal masehina mah 16 Juli 1633, aya nu nyebutkeun 20 April 1641.

Mimitina puseur dayeuhna angger di Dayeuh Tengah Sukakerta, laju dipindahkeun ka Leuwiloa Sukaraja.

Sanggeus Priangan ku Susuhunan Pakubuwana I dipasraheun ka Kompeni, dumasar perjanjian 5 Oktober 1705, Kabupaten Sukapura asup ka wilayah nu ditalingakeun ku Kepala Bupati Opsigter-Regent nu puseurna di Cirebon.

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x