Sajarah Kawasan Pecinan di Kota Bandung, Ngawarnaan Runtuyan Kamekaran Padumukan Kota

- 20 Februari 2023, 16:00 WIB
Toko Babah Kuya di Jalan Belakang Pasar, budeureun Pasar Baru Bandung, salasahiji toko nu naratas ngadeg di kawasan Pecinan, Kota Bandung/istimewa
Toko Babah Kuya di Jalan Belakang Pasar, budeureun Pasar Baru Bandung, salasahiji toko nu naratas ngadeg di kawasan Pecinan, Kota Bandung/istimewa /

GALURA – Sajarah kawasan Pecinan di Kota Bandung, saeutik gedena ngawarnaan runtuyan kamekaran Kota Bandung.

Ayana kawasan Pecinan di Kota Bandung, eta teu leupas tina rupa-rupa kasang tukang warga nu dumuk di ieu kota.

Meh bareng jeung ngadegna padumukan sejenna, kawasan Pecinan nempatan wilayah di satengahing papada kawasan warga lianna di Kota Bandung.

Baca Juga: Ku Eyang Mahmud Diawuran Sakeupeul Taneuh Meunang Mawa ti Mekah, Lahan Rawa Jadi Pedet

Geus ti beh ditu mula, Kota Bandung diwengku ku sababaraha etnis atawa sekeseler, saperti pribumi, Belanda, warga Eropa salian Belanda, Arab, India, oge Tionghoa.

Maranehanana milu ngawarnaan kamekaran runtuyan sajarah Kota Bandung.

Masarakat etnis Tionghoa hadir di Bandung kalawan dipokalan ku Gubernur Jendral Hindia Belanda Daendels nu harita keur ngahangkeutkeun pangwangunan, salasahijina ngawangun Jalan Raya Pos Anyer-Panarukan taun 1810.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Lian ti eta, oge aya pendapat yen datangna etnis Tionghoa ka Kota Bandung teh diduga minangka orang-orang pelarian Perang Diponegoro taun 1825-1830.

Basa anjog di Bandung, maranehanana nganjrek di kawasan Suniaraja jeung Pecinan Lama.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x