Lamping Buligir, Potensi Wisata Nu Tacan Kapalire

- 12 Februari 2023, 18:30 WIB
Lamping Buligir lebah lengkob walungan Cipedak, wewengkon Desa Kutakembaran, Kecamatan Garawangi, Kabupaten Kuningan.
Lamping Buligir lebah lengkob walungan Cipedak, wewengkon Desa Kutakembaran, Kecamatan Garawangi, Kabupaten Kuningan. /AJUN MAHRUDIN/

GALURA- léngkob walungan Cipedak nu kaéréh wewengkon Désa Kutakembaran, Kecamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, aya gawir batu nu kawilang luhur.

Urang Dèsa Kutakembaran nyebutna téh Lamping Buligir. Eta gawir teh kacida nangtawingna.

Pangna disebut Lamping Buligir, ku sabab bulistir taya tatangkalan atawa tutuwuhan.

Baca Juga: Rakit di Walungan CI Jolang, Kiwari Tinggal Panineungan

Teu saeutik warga di Desa Kutakembaran NU miharep etablsmping jadi objek wisata 

Dadang (54) salah saurang warga, kacida ngarojongna lamun sabudeureun Lamping Buligir dijadikeun objek wisata alam teh.

Lamun aya objek wisata, ceuk Dadang, Desa Kutakembaran baris jadi pangjugjugan nu ngadon arulin ti luar daerah.

Baca Juga: Leuwi Asba Walungan CI Jolang, Kungsi Dipake Liliwatan Pasukan Siliwangi

Ku ayana objek wisata bisa ngahirupkeun paèkonomian masarakat. Sok komo dirojong ku akses jalan desa nu geus hade.***

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x