Ku Eyang Mahmud Diawuran Sakeupeul Taneuh Meunang Mawa ti Mekah, Lahan Rawa Jadi Pedet

- 20 Februari 2023, 13:00 WIB
Makom Eyang Dalem Haji Abdul Manaf atawa  Eyang Mahmud,  ti Mekah mawa taneuh  sakeupeul   laju diawurkeun ka rawa, taneuhna jadi padet.
Makom Eyang Dalem Haji Abdul Manaf atawa Eyang Mahmud, ti Mekah mawa taneuh sakeupeul laju diawurkeun ka rawa, taneuhna jadi padet. /Pemprov jabar/

GALURA -Kampung Mahmud di Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung nu diadegkeun ku Eyang Dalem Haji Abdul Manaf nu leuwih sohor ku sebutan Eyang Mahmud tadina rawa, dipadetkeunana ku cara diawuran ku sakeupeul taneuh meunang mawa ti Mekah.

Cenah, sanggeus ku Eyang Mahmud atawa Eyang Dalem Haji Abdul Manaf diawuran ku sakeupeul taneuh meunang mawa ti Mekah, rawa teh jadi padet.

Alatan geus padet,  bisa dipake ngadegkeun bangunan, ngan bangunana imah panggung lain imah tembok. Babakanana laju dingaranan Kampung Mahmud.

Baca Juga: Pantrangan Nyieun Imah Tembok di Kampung Mahmud Dirarempak, Imah Panggung geus Langka

Kampung Mahmud salasahiji bukti ayana peradaban di abad 17-18 atawa antara taun 1650-1725. Ngaran makom Mahmud tina ngaran Eyang Dalem Haji Abdul Manaf atawa Eyang Mahmud.

Eyang Dalem Haji Abdul Manaf dipercaya katurunan ka-8 ti Syek Syarif Hidayatullah atawa ti Sunan Gunung Djati, jadi masih keneh aya katurunan ti raja Pajajaran.

Eyang Mahmud tèh ulama Sunda nu nyebarkeun agama Islam di Bandung Kidul. Eyang Mahmud tilar dunya sarta dimakamkeun di dinya.

Salian aya makom Eyang Mahmud, di dieu ogè aya makom murid-murid Eyang Mahmud nu milu nyebarkeun agama Islam: Eyang Agung Zaenal Arif jeung Eyang Abdulah Gedug.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah