Putri Kendita, Siwi Prabu Siliwangi, Ditenung laju Tatapa di Basisir Laut Kidul, Dilandi Nyi Roro Kidul

- 9 Februari 2023, 10:45 WIB
Putri Kendita, salahsahiji siwi  Prabu Siliwangi, tatapa di basisir laut kidul sangkan kasakitna alatan keuna tenung cageur.
Putri Kendita, salahsahiji siwi Prabu Siliwangi, tatapa di basisir laut kidul sangkan kasakitna alatan keuna tenung cageur. /

GALURA -Asal muasal Nyi Roro Kidul vérsi séjénna dipatalikeun jeung ngaran Putri Kendita, salahsahiji siwi Prabu Siliwangi. Putri Kendita kaceluk geulis kawanti-wanti endah ka bina-bina.

Ku sabab Putri Kendita geulis pisan siwi Prabu Siliwangi nu sejenna sirikeun, pedah teu geulis kawas Putri Kendita.

Paraputri dibantu ku selir Prabu Siliwangi nenung atawa nelu Putri Kendita tepi ka katarajang kasakit budug.

Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul

Ngarasa wirang ku kasakitna, Putri Kendita tuluy tatapa di basisir laut kidul, mujasmédi, neneda ka Nu Kawasa sangkan panyakitna cageur.

Sanggeus tatapana dikabul sarta kasakitna cageur Putri Kendita rek terus dumuk di wewengkon basisir kidul jadi pangawasa karajaan siluman.

Vérsi lianna nyebutkeun Putri Kendita téh siwi raja di Karajaan Hariangan, karajaan leutik bawahan Karajaan Pajajaran. Karajaan Hariangan pernahna di antara Lembur Bojongsoka jeung Lembur Linggamanik Sukabumi.

Baca Juga: Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasna Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit

Alatan keuna tenung jahat, Putri Kendita jadi putri teu pikaresepeun, dipikangéwa ku urang karaton.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x