Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasna Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit

- 8 Februari 2023, 12:30 WIB
Situs Arca Domas di Desa Cibalay, Kecamatan Tenjolaya, Kabupaten Bogor, di lelewek Taman Nasional Gunung Halimun Salak, dipercaya tempat mujasmedi Prabu Siliwangi sangkan deuheus jeung Nu Murbeng Alam.*
Situs Arca Domas di Desa Cibalay, Kecamatan Tenjolaya, Kabupaten Bogor, di lelewek Taman Nasional Gunung Halimun Salak, dipercaya tempat mujasmedi Prabu Siliwangi sangkan deuheus jeung Nu Murbeng Alam.* /

GALURA -Dina hal religiusitas urang Sunda ngudag manusa nu Mundi Ing Laya Hadi Kusumah: manusa nu deuheus jeung Nu Maha Kawasa. Beutina nyamuni dina carita pantun Munding Laya Dikusumah.

Salahsahiji carita pantun nu sakral, juru pantun nu medar ieu carita nu geus bener-bener asak dina kabatinana: Munding Laya Dikusumah, anu geus Mundi Ing Laya Hadi Kusumah.

Saha atuh ari tokoh Munding Laya Dikusumah? Ceuk sakaol Munding Laya Dikusumah teh ti dituna mah ditulis Mundi Ing Laya Hadi Kusumah. Lain ngaran asli tapi gelar.

Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

Tacan kaungkab saha-sahana nu boga gelar Mundi Ing Laya Hadi Kusumah teh.

Dina carita pantun Munding Laya Dikusumah ukur nyebutkeun Munding Laya Dikusumah teh seuweuna Prabu Siliwangi (Sri Baduga Maharaja).

Munding Laya Dikusumah diidentikeun jeung Surawisesa, seuweu Sri Baduga Maharaja nu diutus nepungan Portugis di Malaka pikeun ngayakeun hubungan bilateral.

Anis Jati Sunda suwargi nyebutkeun saestuna Mundi Ing Laya Hadi Kusumah teh ngandung mana filosofis hiji tokoh anu geus aya dina tingkatan hirup anu geus marifat.

Asupna sang tokoh ka Jagat Jabaning Langit, di luar alam fisik, nepungan Sang Hyang Tunggal, nandakeun tokoh ieu teh lain jalma samanea.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x