Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

- 1 Februari 2023, 13:00 WIB
Jaman baheula empu ti Sunda nyieun keris jeung bedog teh ku cara diemple-emple ku leungeun, saperti nyieun karajinan tina taneuh porang.
Jaman baheula empu ti Sunda nyieun keris jeung bedog teh ku cara diemple-emple ku leungeun, saperti nyieun karajinan tina taneuh porang. /

GALURA -Ceuk ahli tosan aji jeung kolektor keris ti Jawa, keris titinggal Pajajaran (Sunda, Galuh) boga ciri nu mandiri: aya tapak ramo dina wilahanana.

Lian ti eta oge tungtungna paranti ngasupkeun kana perah dipurilitkeun ku leungeun, lantaran dijieunna ku leungeun diemple-emple badis nyieun karajinan tina taneuh liat.

Katompernakeun nyieun pakarang ku leungeun bisa kasaksian keneh. Geura, ilikan dina tungtung wilahan deukeut perah Bedog Ciomas, lamun eta golok asli, lian ti cap ngaran pandayna aya “cap jempol leungeun”.

Baca Juga: Situs Candi Bojongmenje di Rancaekek Kabupaten Bandung, Ayeuna Teu Beda jeung Bihari, Kapopoheun?

Dina mangsa taun 80-an kabejakeun di wewengkon Ciwidey aya keneh panday nu ngalemeskeun bedog dihempit ku kelekna sabada dibeuleum.

Aya deui carita Olot Yaman atawa Olot Salim (suwargi) urang Baduy, incuna Ayah Arceu (sesepuh, nu sok jadi wawakil urang Kanekes lamun aya kaperluan jeung jalma luar) nu matak hemeng.

Dina hiji mangsa basa dagang barang karajinan Baduy ka daerah Banten diuji kasaktenna ku urang dinya, bari pura-pura rek meuli.

Waktu diragap jeung diusap ku salahsaurang nu aya dina garduh ronda, bet dadak sakala bedog teh jadi ngulahek, leuleus badis palastik kapanasan, cenah mah keuna elmu Panglubaran.

Baca Juga: Situs Nyi Subang Larang di Nangerang Binong, Subang, Tempat Katimuna Rorongkong Manusa Purba

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x