GALURA - Petter Willem Hofland teh urang Walanda nu kungsi dipikaserab di wewengkon Kabupaten Subang.
Mangsa keur hirupna, Petter Willem Hofland jeung pamajikanna, ngadegkeun jeung makieuhkeun perkebunan kopi di Subang.
Usaha kebon kopi Petter Willem Hofland nu make ngaran Pamanoekan & Tjiasemlanden (P & T Lands) teh maju naker jeung kakoncara nepi ka jauhna, babakuna ka Walanda jeung sawatara nagara Eropa sejenna.
Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat
Bejana mah, sanggeus ngadeg sababaraha lila, legana perkebunan kopi Petter Willem Hofland meh sarua jeung legana Kabupaten Subang ayeuna.
Hofland, geus lila tilar dunya. Tapi tapakna jeung ciri manehna kungsi aya di Subang natrat keneh.
Hiji di antarana mangrupa patung nu katelah patung Hofland nu dijieunna tina parunggu tur disimpen di Museum Daerah Subang.
Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur
Eta patung, ayeuna jadi koleksi primadona sing saha wae nu ngadongdon eta musieum lantaran patungna bangun nu hirup jeung gede simana.