Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

- 1 Februari 2023, 12:30 WIB
Panday di Kabupaten Majalengka. Ti saprak Pajajaran runtag, panday ti Sunda sumebar ka sakuliah Nusantara.
Panday di Kabupaten Majalengka. Ti saprak Pajajaran runtag, panday ti Sunda sumebar ka sakuliah Nusantara. /

GALURA -Logam, tambaga, parunggu, jeung beusi geus dipiwanoh di kawasan Asia Tenggara, kira-kira ti mimiti 1000-500 SM.

Migrasi bangsa Yunan (Indocina) ka kapuloan Nusantara kira-kira taun, 1500 SM ngawarnaan kabudayaan Nusantara ku kabudayaan tambaga, parunggu, jeung beusi bawa maranehna, anu katelahna kabudayaan Dongson.

Jaman Beusi di Nusantara ngahasilkeun barang-barang atawa pakakas jeung pakarang nu dijieun tina beusi, saperti tumbak, mata panah (paser), pacul, arit jeung wuluku.

Baca Juga: Pranatamangsa Sunda, Usum Hujan Panen Suung Cirina Siraru Rabeng

Ngan ku sabab sipat beusi anu gampang tai hiangan (karatan), sok sanajan ngalayah tapi titinggalna teu loba nu kapanggih ari lain dina mangsa perundagian mah.

Di Sunda tina artepak-artepak mangsa perundagian anu geus kapanggih katilikna teknologi logamna geus maju. Utamana dina mangsa karajaan-karajaan baheula.

Sunda sentralna budaya dina mangsa Tarumanagara (358M). Sababaraha abad ti harita, kakara pindah ka Jawa Tengah jeung Jawa Wetan.

Seni tempa logam kacida majuna utamana dina mangsa Karajaan Sunda (669M). Nepi ka ahirna nyirorot kasedekeun ku dua karajaan gede Sriwijaya ti Kulon jeung Singasari ti Wetan.

Baca Juga: Bedana Hujan dina Pabaru Masehi jeung dina Pabaru Cina, ieu mah Baheula

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x