Versi Asal Usul Nyi Roro Kidul sejenna: Julukan keur Mayang Cinde, Rundayan Katujuh Prabu Hariangbanga

- 9 Februari 2023, 11:30 WIB
Mayang Sagara siwi Prabu Silwangi ngababakan di basisir laut kidul. dijulukan Nyi Roro Kidul, babakanana disebut Palabuanratu (Foto: Nanang S).
Mayang Sagara siwi Prabu Silwangi ngababakan di basisir laut kidul. dijulukan Nyi Roro Kidul, babakanana disebut Palabuanratu (Foto: Nanang S). /

GALURA -Aya versi asal usul Nyi Roro Kidul, nu nyebuteun cenah Nyi Roro Kidul teh ngaran aslina mah Mayang Cinde, terah katujuh ti Prabu Hariang Banga.

Dina ieu versi asal usul Nyi Roro Kidul netelakeun Mayang Cinde lahir hasil tina ngalambangsarina Mas Galunggang Sentana ti Karajaan Majapahit jeung Ratu Sela Karang, bojo Raja Pamatang Sagara (Nusa Kambangan).

Nyai Ratu Sela Karang téh ratu pangawasa basisir ti semet muara Citanduy tepi ka Cipalebug di Cilauteureun (Pakidulan Garut). Kitu ceuk eta versi asal usul Nyi Roro Kidul

Baca Juga: Putri Kendita, Siwi Prabu Siliwangi, Ditenung laju Tatapa di Basisir Laut Kidul, Dilandi Nyi Roro Kidul

Sanggeus Nyai Ratu Sela Karang mulang kaasal, Mayang Cinde diistrénan ngaganti indungna kalayan gelarna Nyai Ratu Sagara Jampang, disebut ogé Nyai Ratu Kidul ti Pajajaran Girang (Priangan).

Dina nyekel pamaréntahanana Nyai Ratu Sagara Jampang dibantuan ku pandita sakti ti Nusa Larang (Pulau Christmas ayeuna) nu kawentar disebut Ki Gajah Liru Kanti Jaya.

Kacaturkeun Nyai Ratu Sagara Jampang hayang ngalegaan daérah kakawasanana, hayang ngalindih Palabuanratu. Maksudna dirojong pisan ku Ki Gajah Liru Kanti Jaya.

Harita Palabuanratu aya dina kakawasaan Nyai Ratu Kidul Mayang Sagara. Kalayan tipu muslihat, Mayang Sagara bisa ditawan ku Ratu Sagara Jampang. Ngan Mayang Sagara bisa disalametkeun ku salasaurang pandita nu keur nyamar.

Baca Juga: Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul

Ki Gajah Liru Kanti Jaya langsung nyanghareupan éta pandita. Perang tanding dua tokoh sakti ngalantarankeun jati diri duanana kabuka. Anu nyalametkeun Mayang Sagara téh Rakéan Kalangsunda pangawal Nyai Ratu Puun Purnamasari ibuna Mayang Sagara.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x