Versi Asal Usul Nyi Roro Kidul sejenna: Julukan keur Mayang Cinde, Rundayan Katujuh Prabu Hariangbanga

- 9 Februari 2023, 11:30 WIB
Mayang Sagara siwi Prabu Silwangi ngababakan di basisir laut kidul. dijulukan Nyi Roro Kidul, babakanana disebut Palabuanratu (Foto: Nanang S).
Mayang Sagara siwi Prabu Silwangi ngababakan di basisir laut kidul. dijulukan Nyi Roro Kidul, babakanana disebut Palabuanratu (Foto: Nanang S). /

Ki Gajah Liru Kanti Jaya ogé kabuka samaranana. Singhoréng lain si itu si éta, tapi kurut pajabat di Padjadjaran. Inyana téh Jaya Antea manten Mantri Majeti Pakuan Pajajaran anu ngabélot ngabantu Kasultanan Banten basa wadyabalad ngagempur Karajaan Pajajaran.

Ki Gajah Liru Kanti Jaya najan dibantun ku tentara Mataram balad Nyai Ratu Sagara, kasoran, teu kuateun ngalawan Rakéan Kalangsunda. Nyai Ratu Sagara Jampang tuluy ngaloloskeun diri balik ka nagara asalna di Basisir Kidul Pajajaran Girang.

Saméméh mulang ka nagarana, Jaya Antea kedal ucap Palabuanratu bakal tetep jadi bagéan kakawasaan Mayang Cindé, sarta hiji waktu Mayang Cindé bakal ngarebut deui Palabuanratu ti Mayang Sagara.

Ucapan Ki Jaya Antéa jadi kanyataan, Nyi Mayang Cindé sanggeus kapuunan Mayang Sagara carem lantaran diburak-barik ku Mataram, ti alam gaib bisa ngawasa wewengkon Palabuanratu, kaasup lautna.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah