GALURA - Poe pere biasana identik jeung wisata, pelesir atawa piknik.
Tah patali jeung wisata, aya tilu tempat nu direkomendasikeun pikeun disungsi di Kabupaten Cianjur, Jawa Barat.
Tapi, eta oge tangtu mun aya rencana wisata, pelesir, piknik ka wewengkon Cianjur.
Nurutkeun pangalaman Galura, tilu tempat wisata nu direkomendasikeun teh endah jeung instagramable pisan.
Naon wae?
Hiji, basisir Jayanti.
Basisir Jayanti teh hiji tempat wisata alam nu pamandanganana endah kacida. Sajaba ti eta, instagramable pisan.
Di basisir Jayanti, sajaba ti bisa ningali endahna laut ka jauhna, oge bisa nitenan kahirupan pamayang jeung kapal-kapalna nu rek miang atawa mulang balayar neangan lauk.