Jaman bupati R.T. Surialaga (1813-1814) puseur dayeuh Kabupaten Sukapura dipindahkeun ka Tasikmalaya. Jaman Wiradadaha VIII pindah ka Manonjaya (1832).
Pangna dipindahkeun ka Manonjaya keur nohagaan benteng-benteng Walanda. Harita Belanda keur nyanghareupan baruntakna Pangeran Diponegoro.
Belanda nyinglar sangkan pangaruh Pangeran Diponegoro henteu nerekab ka Priangan jeung ka beulah kulon Pulo Jawa. Pajuang-pajuang nu biluk ka Pangeran Diponegoro ulah tepi ka kaluar ti koloni Mataram.
Lian ti eta, aya patalina jeung dibangunna jalan kareta api nu ngaliwat ka Manonjaya, di sagigireun loba pangusaha Belanda nu muka kebon karet di daerah nu deukeut ka Manonjaya.
Dina tanggal 1 Oktober 1901 puseur dayeuh Sukapura dipindahkeun deui ka Tasikmalaya. Ieu oge sarua keur kapentingan Belanda. Harita wewengkon tutugan Gunung Galunggung teh ngahasilkeun kopi jeung nila (tarum).
Samemeh dikirim ka Batavia sok dikumpulkeun heula, biasana di puseur dayeuh kabupaten. Manonjaya jauh teuing keur ngumpulkeun hasil perkebunan di tutugan Gunung Galunggung.
Jaman bupatina dicangking ku R.A.A Wiratanuningrat (1908-1937), taun 1913, ngaran Kabupaten Sukapura diganti jadi Kabupaten Tasikmalaya.
Pangeling-ngeling milangkalana, di Kabupaten Tasikmalaya aya dua: Milangkala Tasikmalaya, nu titimangsana tanggal 21 Agustus 1111 dumasar Prasasti Geger Hanjuang.
Hiji deui Milangkala Kabupaten Tasikmalaya nu titimangsana piagam Sultan Agung ngeunaan ngadegna Kabupaten Tasikmalaya, 26 Juli 1633.***