Rumah Sakit Dustira, Ngaabadikeun Jasa Patriotisme dr. Dustira Prawiraamidjaja

- 18 Februari 2023, 16:30 WIB
Rumah Sakit Dustira di Kota Cimahi nu ngaranna pikeun ngajenan jasa-jasa perjoangan Mayor dr. Dustira Prawiraamidjaja./FB
Rumah Sakit Dustira di Kota Cimahi nu ngaranna pikeun ngajenan jasa-jasa perjoangan Mayor dr. Dustira Prawiraamidjaja./FB /

 

GALURA - Rumah Sakit Dustira perenahna di Jalan dr. Dustira, Baros, Kota Cimahi nu diwangun taun 1887.

Rumah Sakit Dustira baretona minangka rumah sakit militér (militare hospital) mangsa Hindia-Belanda.

Ngadeg dina lahan 14 héktar, Rumah Sakit Dustira harita mah keur kaperluan pasukan militér Hindia-Belanda nu tugas di Cimahi jeung sabudeureunana.

Baca Juga: SDN Sariwangi Ngadumaniskeun Udagan, Tarekah, Indikator, jeung Palasapah Sakola

Di Cimahi teu saeutik ngadeg fasilitas pertahanan militér Hindia-Belanda.

Mangsa Jepang (1942-1945), éta rumah sakit dipaké tempat ngarawat tawanan Belanda jeung tentara Jepang. Taun 1945-1947 dikawasa ku NICA.

Sanggeusna pangakuan kadaulatan Républik Indonesia ku Karajaan Belanda (1949), éta rumah sakit dipasrahkeun ku militér Belanda ka Tentara Nasional Indonesia nu diwakilan ku Létkol dr. Kornél Singawinata.

Baca Juga: Cek Beja, Sasak Cincin Jatinangor, Sumedang, Horor, Naha Enya?

Ti harita, genti ngaran jadi Rumah Sakit Téritorium III kalawan dr. Kornél Singawinata nu jadi diréktur rumah sakit munggaran.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x