Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

- 24 Februari 2023, 12:00 WIB
Pendopo Kabupaten Bandung nu ayeuna rumah dinas walikota Bandung. Kabupaten Bandung, Kabupaten Sukapura jeung Kabupaten Parakanmuncang hadiah ti Sultan Agung.
Pendopo Kabupaten Bandung nu ayeuna rumah dinas walikota Bandung. Kabupaten Bandung, Kabupaten Sukapura jeung Kabupaten Parakanmuncang hadiah ti Sultan Agung. /

GALURA -Kabupaten Sukapura (ayeuna Kabupaten Tasikmalaya jeung Kota Tasikmalaya) dibentuk  atawa diadegkeun  bareng jeung Kabupaten Bandung katut Kabupaten  Parakanmuncang.  Tiluanana bisa disebutkeun hadiah ti Sultan Agung.

Dibentukna Kabupaten Sukapura,  Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang teh kadeudeuh ti Sultan Agung keur tilu urang kepala daerah atawa umbul nu dianggap gede jasana dina mareuman baruntakna Dipati Ukur.

Sultan Agung ngajenengkeun Ki Astamanggala, umbul Cihaurbeuti (Ciahurbeuti ayeuna asup ka Kabupaten Ciamis) jadi bupati di Kabupaten Bandung, Ki Wirawangsa, umbul Sukakerta  jadi bupati di Kabupaten Sukapura, jeung Ki Somahita, umbul Sindangkasih jadi bupati di Kabupaten Parakanmuncang.

Baca Juga: Demi Rayat, Bupati Galuh Dalem Gurinda Ngalawan Kolonial Belanda, Narah Mayar Upeti ka Residen Cirebon

Ki Astamanggala sanggeus jadi bupati Bandung, gelarna Tumenggung Wiraangunangun, Ki Wirawangsa jadi bupati Sukapura,  gelarna Tumenggung Wiradadaha, jeung Ki Somahita jadi bupati Parakanmuncang, gelarna Tumenggung Tanubaya.

Dilantikna umbul tadi jadi bupati ditulis dina Piagem Sultan Agung nu ngagunakeun pananggalan Jawa-Islam. Aya dua piagem nu dikaluarkeun ku Sultan Agung teh: ngeunaan dilantikna tilu umbul bieu, tanggal 9 Muharam taun Alip (Piagem I) jeung dibentukna Kabupaten Sukapura, tanggal 9 Muharam taun Jimakhir (Piagem II).

Tanggal 9 Muharam taun Alip ditafsirkan sarua jeung tanggal 16 Juli 1633 atawa 20 April 1641. Tanggal 9 Muharam taun Jimakhir ditafsirkan sarua tanggal 26 Juli 1632 atawa tanggal 30 April 1640

Ceuk parasajarawan, informasi tina dua piagem teh fakta kuat (hard fact)  ngeunaan dibentukna Kabupaten Sukapura. Aya sababaraha pilihan titimangsa milangkala Kabupaten Tasikmalaya. Bisa dumasar Piagem I (16 Juli 1633 atawa 20 April 1641) jeung bisa dumasar Piagem II (26 Juli 1632 atawa 30 April 1640).

Baca Juga: Raden Dewi Sartika Hayang Ngadegkeun Sakola Mimitina Teu Diidinan Bupati Bandung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x