Tugu PWI di Kuningan, Miboga Ciri Ajén Anu Mandiri

- 9 Februari 2024, 08:30 WIB
Tugu PWI, di Jalan Bojong-Linggajati, kaéréh Désa Bandorasawétan, Cilimus, Kabupatén Kuningan.*
Tugu PWI, di Jalan Bojong-Linggajati, kaéréh Désa Bandorasawétan, Cilimus, Kabupatén Kuningan.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Di sisi jalan Bojong-Linggajati nujul ka Gedong Naskah Perundingan Linggajati, Désa Linggajati Kecamatan Cilimus, Kabupatén Kuningan, aya tugu anu disebut Tugu PWI (Persatuan Wartawan Indonesia).

Éta tugu dibangun sababaraha taun kalarung, basa mapag acara mieling ka-45 Perundingan Linggajati.

Harita Pemerintah daerah (Pemda) Kuningan, dina mangsa bupatina Drs. H. Subandi,  PWI Kuningan milu ngadeudeul program Kuningan ASRI (Aman Sehat Rindang Indah).

Harita anu jadi pupuhu PWI Kuningan H. Toto Santosa, mufakat reujeung anggota milu ngadeudeul éta program pamaréntah daérah.

PWI Kuningan teu semet milu aub meresihan jalan, da nyieun Tugu PWI téa.

 Karep PWI Kuningan nyieun Tugu PWI meunang pangbagéa ti  Kepala Desa Linggajati Eno Kusnadi,  Camat Cilimus H. Aman Suryaman kaasup Bupati Subandi milu néken surat permohonan sponsor nu ditujukeun ka salah sahiji pausahaan swasta.

 Sanggeus aya kasaluyuan ,  harita Toto Santosa dibaturan ku pangurus PWI Kuningan sejénna nyaéta H. Wawan Hermawan JR, Willy Kusumah (Bendahara) miang ka Kudus pikeun nepikeun surat kasebut.

Éta pausahaan, ngabagéakeun tur méré bantuan  dana nu badagna  Rp 2 juta ngaliwatan perwakilan éta pausahaan di Cirebon.  

Sanggeus nampa bantuan mah satuluyna nyieun taman jeung tugu  ngalibetkeun  peran Kepala Desa  Linggajati Eno Kusnadi.

Sabulan lilana nyieun tugu téh rengsé ngahiji jeung  taman ukuran 1.5 meter x 7 meter dipelakan  kembang warna warni. 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x