Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

- 18 Februari 2023, 11:30 WIB
Patung Bagus Rangin di Desa Kedongdong Kabupate n Cirebon. Dina ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin dianggap Ratu Adil.
Patung Bagus Rangin di Desa Kedongdong Kabupate n Cirebon. Dina ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin dianggap Ratu Adil. /

GALURA -Sawatara waktu Bagus Rangin henteu ngayakeun gerakan ngalawan Hindia Belanda bari ngumpulkeun deui kakuatan (konsolidasi). Nambahan kakuatan moril, Bagus Rangin nyepi di sabaraha tempat, di antarana di Pasir Luhur. Wibawa jeung pangaruh Bagus Rangin beuki gede, malah Bagus Rangin dianggap titisan Ratu Adil.

Bagus Rangin nu dianggap Ratu Adil jeung rahayat Cirebon ngayakeun deui gerakan ngalawan Hinida Belanda waktu Nusantara dipulangkeun deui ku Inggris ka karajaan Belanda sarta pamarentah Hindia Belanda dipingpin ku Gubernur Jenderal H.W. Daendels (1808-1811).

Gerakan Bagus Rangin dina jaman pamarentahan Hindia Belanda nu digubernuran ku Daendels awalna leuwih ditujukeun kana ngabela rahayat, tibatan gerakan dina wanda perang. Loyog jeung anggapan rahayat Bagus Rangin titisan Ratu Adil, sabaraha tokoh ngusulkeun ngadegkeun nagara dina bentuk karajaan.

Baca Juga: Alatan VOC atawa Kumpeni nu Ngamonopoli Dagang di Hindia Timur, Cirebon Robah Lain Karajaan nu Boga Kakawasaan

Eta karajaan dingaranan Nagara Panca Tengah anu puseurna di Bantarjati, dirajaan ku Bagus Rangin. Ceuk pamikiran para tokoh, tujuan gerakan bakal kahontal ku kakuatan eta karajaan.

Ngadegkeun karajaan Nagara Panca Tengah teu kalaksanakeun, sabab teu loyog jeung kaayaan zaman anu disanghareupan. Gerakan Bagus Rangin balik deui kana gerakan perang.

Unggal bada solat Jumat, Bagus Rangin ngagembleng para pamingpin pasukan jeung anak buahna. Sajaba ti latihan perang, gemblengan rohani oge dilakukeun, pikeun ngagedurkeun sumanget juang.

Unggal waktu gemblengan, para pamingpin jeung anggota pasukan marake pakean sarwa bodas, simbul siap ngorbankeun jiwa-raga keur ngabela bangsa jeung agama.

Baca Juga: Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x