Alatan VOC atawa Kumpeni nu Ngamonopoli Dagang di Hindia Timur, Cirebon Robah Lain Karajaan nu Boga Kakawasaan

- 18 Februari 2023, 07:40 WIB
Karaton Kasepuhan. VOC atawa Kumpeni ngawasa perdagangan di Hindia Timur  ngalantarankeun karajaan di Cirebon teu boga kakawasaan.
Karaton Kasepuhan. VOC atawa Kumpeni ngawasa perdagangan di Hindia Timur ngalantarankeun karajaan di Cirebon teu boga kakawasaan. /

 

 

GALURA -Taun 1681 kakawasaan Verenigde Oost Compagne (VOC), ku urang Sunda disebut Kumpeni geus tepi ka Cirebon jeung Banten. VOC teh gabungan pausahaan-pausahaan dagang Walanda dina perdagangan di Hindia Timur (Nusantara).

Lantaran geus dikawasa ku VOC atawa Kumpeni nu ngawasa perdangan di Nusantara (Hindia Timur), Cirebon teh geus lain karajaan deui jiga memehna. Sanajan kakawasaan sultan masih tetep aya, ngan tetela ukur sesebutan wungkul.

Tanggal 31 Desember 1799 Kumpeni atawa VOC anu ngamonopoli dagang di Hindia Timur, bubar sarta masrahkeun Nusantara ka pamarentah Karajaan Walanda, kakawasaan sultan Cirebon teh beuki leungit taya tapakna.

Baca Juga: Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari

Ari memehna Kumpeni mah kapentinganana urusan dagang, ari Karajaan Walanda mah ditambah ku urusan pulitik. Di Nusantara Karajaan Walanda ngadegkeun pamarentah Hinda Walanda nu dipimpin ku gubernur jendral.

Gubernur Jenderal HW Daendles (1808-1811), nyabut kakawasaan kasultanan ku wangun pamarentahan anyar dumasar sistim landdrostambt atawa karesidenan.

Kasultanan Cirebon robah jadi Cheribonsche Preanger Regentschappen nu ngawengku wilayah Limbangan, Sukapura jeung Galuh.

Dina waktu eta pisan Kasultanan Cirebon dibagi jadi dua:Kasultanan Cirebon jeung Gebang nu diparentah ku 3 sultan: Sultan Kasepuhan, Sultan Kanoman jeung Sultan Kacirebonan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x