Enteh Jawa Asalna ti Jerman jeung Jepang, Mimiti Dipelakna di Kebun Raya Bogor jeung Cisurupan Garut

- 16 Februari 2023, 16:30 WIB
Ilustrasi kebon enteh atawa teh/Pixabay/Yosi Azwan
Ilustrasi kebon enteh atawa teh/Pixabay/Yosi Azwan /

GALURA - Tangkal enteh (teh) boga lalakon panjang di Indonesia, babakuna di Pulo Jawa hususna deui Tatar Sunda.

Hiji hal nu matak ngirut, ampir kabeh perkebunan enteh nu ayeuna aya jeung dikokolakeun, minangka titingal Walanda.

Hartina, pamarentah atawa swasta nu ayeuna ngokolakeun kebon enteh nu upluk-aplak di sawatara wewengkon mah, can kungsi ngahaja ngababakan pikeun melak enteh.

Baca Juga: Persib Bandung Kudu Nguniang Hudang Deui, DAVID DA SILVA : Sing Yakin kana Kamampuh !

Enya, kabeh titinggal atawa pelak Walanda!

Sakumaha anu diungkab dina hiji buku nu judulna "Perusahaan Teh Swasta di Wilayah Priangan" karangan Titi Ratnawati (1990), tangkal enteh mimiti nincak Pulo Jawa alatan dibawa ku urang Jerman, Dr. Andreas Cleyer dina taun 1817.

Harita, cenah, eta ahli teh ngahaja melak di urang, keur nguji, nahan enteh cocog henteu dipelak di urang.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Ngan ari sacara resmina mah, tangkal enteh mimiti dipelak di Pulo Jawa, sabada Direktur Kebun Raya Bogor nu katelah Dr. C.L. Blume, menta dikirim bibit enteh ti Jepang ka Dr. P.F von Siebold dina taun 1824.

Nurutkeun eta buku, bibit enteh ti Jepang tea, saterusna dipelakeun di Kebun Raya Bogor jeung Cisurupan, Kabupaten Garut.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x