Persib Bandung Kudu Nguniang Hudang Deui, DAVID DA SILVA : Sing Yakin kana Kamampuh !

- 16 Februari 2023, 13:30 WIB
David da Silva striker asal Brasil ngajakan Persib nguniang hudang deui/persib.co,id
David da Silva striker asal Brasil ngajakan Persib nguniang hudang deui/persib.co,id /

GALURA - Hiji pamaen Persib asal Brasil, David da Silva umajak ka sakur ponggawa Maung Bandung pikeun nguniang hudang deui.

David da Silva oge ngayakinkeun ka sakabeh pamaen yen Persib Bandung boga kamampuh jeung kabisa pikeun hudang deui.

Eta teh ditembrakkeun David da Silva sabada Persib eleh ku PSM Makassar 1-2 dina laga minggu ka 24 Liga 1 2022/2023 di Stadion Pakansari, Cibinong, Kabupaten Bogor, Salasa nu anyar kaliwat.

Baca Juga: Cek Luils Milla Persib Rek Dievaluasi Malar Mangprang Nalika Tandang dina 11 Laga nu Bakal Datang

Baca Juga: Direktur PT PERSIB Bandung Bermartabat (PT PBB), Teddy Tjahjono : Kualitas Wasit kudu Dironjatkeun

Baca Juga: Persib vs PSM Makassar, Nu Meunang Nerekel ka Puncak Klasemen, Link Live Streaming jeung Kick Off

Dina eta pertandingan, Persib saenyana ngelebetkeun target luhur, ngelehkeun PSM Makassar sangkan nerekel ka puncak klasemen saheulanan.

Ngan abong bal buleud, sabada ngasupkeun hiji, PSM Makassar males sadua-dua, nepi ka Persib tijungkel.

Temahna posisi ka hiji klasemen dieusian ku PSM Makassar. Persib kudu angger aya di posisi tilu di handapeun Persija Jakarta, tapi poin angger 46, ganjor 4 jeung PSM Makassar.

Baca Juga: Dongeng Jurig di Pakampungan Tatar Sunda Ayeuna mah Geus Langka

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x