Direktur PT PERSIB Bandung Bermartabat (PT PBB), Teddy Tjahjono : Kualitas Wasit kudu Dironjatkeun

- 15 Februari 2023, 13:10 WIB
Asiten wasit nu mingpin Persib vs PSM Makassar dianggap remen salah mere kaputusan offside jeung onside
Asiten wasit nu mingpin Persib vs PSM Makassar dianggap remen salah mere kaputusan offside jeung onside /Kolase FOTO: Instagram.com/@infotipersib

GALURA -  Direktur PT Persib Bandung Bermartabat (PT PBB), Teddy Tjahjono miharep kualitas wasit jeun asistenna nu mancen tugas mingpin Liga 1 2022/2023 kudu dironjatkeun deui.

Eta hal ditembrakkeun Teddy ngomentaran hasil pertandingan Persib vs PSM Makassar Salasa kamari nu hasilna nguciwakeun keur Maung Bandung.

Teddy nembrakkeun, Persib saenyana narima kana hasil laga Persib vs PSM Makassar kamari. Najan elehna Persib teh ngabalukarkeun Persib gagal naek ka puncak klasemen jeung rekor teu eleh dina 15 pertandingan, peuyar.

Baca Juga: Persib vs PSM Makassar, Nu Meunang Nerekel ka Puncak Klasemen, Link Live Streaming jeung Kick Off

Baca Juga: Ieu Pamaen nu Disiapkeun Persib Bandung keur Nyanghareupan jeung PSM Makassar, Daisuka Sato jeung Febri Absen!

Baca Juga: Bali United vs Persib Bandung, Ilija Spasojevic Absen, tapi Aya Keneh Privat Mbarga, Senterpur Lincah

Najan kitu, Persib tetep meredih ka PT Liga Indonesia Baru (LIB) jeung PSSI sagancangna ngundakkeun kualitas wasit jeung asisten wasit.

"Dugi ka ayeuna, geuning wasit katiten lepat ngaluarkeun kaputusan, utamana dina offside jeung onside," cek Teddy.

Sajaba ti meredih eta hal, Persib oge ngarojong pisan dilarapkeunana teknologi "Video Assistant Referee (VAR)" di kompetisi Liga 1.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x