GALURA - Dina laga antara Bali United vs Persib Bandung di Stadion Maguwoharjo sababaraha jam deui, senterpur atawa striker Bali Ilija Spasojevic moal maen.
Najan kitu, Bali United boga keneh senterpur nu lincah jeung bahaya mun geus aya di hareupeun gul batur, nyaeta Privat Mbarga.
Ku kituna, sok sanajan Spaso teu maen, Persib kudu sing iatna. Sabab Privat teu mustahil bakal ngancam ka gawang Persib.
Baca Juga: Persib Nyiapkeun 22 Pamaen pikeun Nyanghareupan Bali United di Maguwoharjo, Ieu Berendelanana
Nurutkeun laman Bali United, Spaso bakal absen makalangan lantaran akumulasi kartu koneng salila 4 laga nu dilakonan ku manehna.
Bali United saenyana boga striker sejen sajaba ti Spaso jeung Privat. Manehna nyaeta Lerby Eliandry. Ngan nya kitu, Lerby ayeuna can bisa maen sabada dioperasi balukar cidera.
Nya pamustunganana, striker Bali United ayeuna ngan kari saurang, Privat tea, pamaen nu kaasup bahaya jeung geus ngoleksi 9 gul dina Liga 1 ayeuna.
Baca Juga: Lingkungan Ruksak, Usum Hujan Banjir, Usum Halodo Tigerat ku Cai