GALURA - Persib update, alatan kasehatanna rada kaganggu, Ezra Walian teu maen nalika Persib aduhareupan jeung PSS Sleman di Stadion Gelora Bandung Laut Api (GBLA) 5 Pebriari 2023 mangkukna.
Basa Ciro Alves ngasupkeun bal ka gul PSS Sleman dua kali, Ezra kudu istirahat bari kudu ngadahar obat ti dokter Persib.
Tapi kiwari, Ezra geus sehat, awakna geus pulih deui.
Baca Juga: Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis
Baca Juga: Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung
Baca Juga: Tiket Persib vs PSS Sleman Ludes, Ieu Link Live Streaming jeung Kick Off, Aman!
Buktina Ezra geus mimiti milu latihan deui jeung punggawa Persib lianna di Stadion Siliwangi, Kota Bandung, Salasa 7 Pebruari 2023 kamari.
"Muhun kamari-kamari mah Ezra kaserang kasakit, kasehatanna kaganggu. Tapi ayeuna mah tos sabihari deui, tos latihan deui," cek dokter tim Persib, Rafi Ghani.
Ezra Walian, basa dikolongan ku wartawan ngaku bungah kacida sanggeus awakna pulih jeung bisa latihan deui.
Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat