GALURA - Di Persib Bandung aya dua pamaen nu ngaranna David tapi kaayaanna ayeuna beda.
Nu hiji David Da Siva, nu hiji deui David Rumakiek.
Pangna nasib dua David eta beda, geura we tingali.
Baca Juga: Ngajarkeun Kamandirian, Siswa SDIT Persis Tarogong Garut Ngalaksanakeun 'Edu Staycation' di Nangewer
David da Silva ayeuna keur meujeuhna bungah lantaran dina laga panungtung Persib lawan PSIS Semarang, gede kontribusina ka Persib.
Kumaha teu rek kitu, sabab dina eta laga nu lumangsung di Stadion Jatidiri Salasa 31 Januari 2023 kamari, DDS - kitu nenehna, bisa nyitak gol, hiji, jeung dua operan nu asup ka gul (assist).
Alatan kontribusina, Persib nu asalna aya hambalan katilu klasemen saheulaana Liga 1 2022/2023, nerekel ka puncak, noker Persija Jakarta jeung PSM Makassar.
Baca Juga: Cek PP Muhammadiyah, 1 Ramadhan 1444 Hijriah 23 Maret 2023, Ieu Sihoreng Alesanna
Nya alatan kamari ngasupkeun oge, DDS ayeuna jadi pamaen nu pangreana nyitak gul dina Liga 1 taun ayeuna,16 gul.
"Abdi tangtos bingah. Ieu minangka hasil gawe bareng tim, rojongan bobotoh sareng kulawarga," cek DDS.