Kick Off Persib vs Borneo FC Jadi Jam 15.30 WIB, Tanpa Panongton, Ieu Link Live Streaming Pertandinganana

- 26 Januari 2023, 13:15 WIB
Laga Persib vs Borneo, kick off maju, tanpa panongton
Laga Persib vs Borneo, kick off maju, tanpa panongton /instagram.com/persib.kabeh

GALURA - Robah, kitu pisan kick off pertandingan Persib Bandung ngalawanan Borneo FC di Stadion Pakansari, Cibinong, Kabupaten Bogor teh.

Lian ti robah jam kick off, pertandinganna oge teu bisa dilalajoan langsung di stadion.

Nurutkeun jadwal, mimitina kick off Persib Bandung vs Borneo FC teh rek sanggeusna Magrib, ecesna jam 18.30 WIB. Lagana oge bisa dilalajoan kaasup ku bobotoh.

Baca Juga: Persib vs Borneo FC, Luis Milla : Sumanget Maung Bandung Taya Tandingna, najan Nick Kuipers Teu Maen

Baca Juga: Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

Baca Juga: David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

Ngan sabada aya kamandang ti sawatara pihak, kick off Persib lawan Borneo FC maju jadi jam 15.30 WIB. Lian eta, tanpa panongton deuih.

"Muhun, kick off majeng ka tabuh 15.30 WIB, sareng tanpa panongton," cek Direktur PT Persib Bandung Bermartabat, Teddy Tjahjono.

Ditetelakeun, tadina laga teh dimimitianna memang rek jam 18.30 WIB, luyu jeung jadwal nu geus ditangtungkeun.

Baca Juga: Magrib Mengaji Shalat Berjamaah Solusina, Bupati Ciamis: Masjid Agreng, tapi nu Solat Barjamaah Corengcang

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x