David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

- 25 Januari 2023, 13:15 WIB
David da Silva siap makalangan nyanghareupan Borneo FC/Persib.co.id
David da Silva siap makalangan nyanghareupan Borneo FC/Persib.co.id /Persib.co.id//

GALURA - David da Silva, striker Persib Bandung geus siap makalangan deui nyanghareupan Borneo FC dina minggu ka-20 Liga 1, Kemis 26 Januari 2023.

"Kuring tos latihan deui. Ayeuna kuring siap saratus persen makalangan mayunan Borneo FC," cek David da Silva.

Saméméhna, basa keur latihan di Stadion Siliwangi sawatara waktu ka tukang, David da Silva ngangluh sabab dina pingpingna karasa aya nu nyeletit nyeri.

Baca Juga: 840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

Baca Juga: Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

Baca Juga: Netepkeun 2251 Peserta KMD Kwarcab Kabupaten Bandung, Bupati: Anggota Pramuka Kudu Aub dina Pangwangunan

Alatan éta hal, manéhna meunang perawatan jeung panalingaan dokter heula, supaya rasa nyeri dina pingpingna cageur.

Hadéna, teu butuh waktu lalu, kaayaan David da Silva cageur cara bihari deui.

Buktina, basa Persib latihan di Stadion Siliwangi, Kota Bandung, Salasa 24 Januari 2023 kamari, David da Silva alias DDS geus tembong latihan deui.

Baca Juga: Putri Anjungsari (7)

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x