Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

- 25 Januari 2023, 14:15 WIB
Henhen Herdiana Persib Bandung
Henhen Herdiana Persib Bandung /Persib.co.id/Barly Isham.

GALURA - Bék Persib Bandung Henhen Herdiana rék usaha satekah polah ngetrukkeun kamampuhna dina pertandingan ngalawan Borneo FC, Kemis 26 Januari 2023 isukan.

Henhen ogé rék ngupayakeun henteu ngalakukeun kasalahan nu temahna goreng di lini pertahanan Persib.

Eta téh jangji Henhen sakumaha anu diwartakeun ku persib.co.id sawatara jam ka tukang, saméméh Persib adu hareupan jeung Borneo FC.

Baca Juga: 840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

Baca Juga: Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

Baca Juga: Netepkeun 2251 Peserta KMD Kwarcab Kabupaten Bandung, Bupati: Anggota Pramuka Kudu Aub dina Pangwangunan

"Dina pertandingan enjing, abdi saparakanca kedah fokus," cek Henhen.

Sajaba ti baris fokus, manéhna ogé rék ngajagaan pertahanan Persib enya-enya malar teu kaserang ku lawan nepi ka kaasupan.

"Muhun, abdi badé ngupayakeun pisan henteu midamel kalepatan di lini pertahanan," cek Henhen deui.

Baca Juga: Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Persib co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x