Prasasti Geger Hanjuang Cenah mah Meunang Nyieun KF Holle

- 24 Januari 2023, 08:06 WIB
Replika Prasasti Geger Hanjuang di Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi. Kacamatan Leuwisari, Kabupaten Taskmalaya. Nu asli di Museum Nasional Jakarta, cenah mah meunang nyieun KF Holle.*
Replika Prasasti Geger Hanjuang di Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi. Kacamatan Leuwisari, Kabupaten Taskmalaya. Nu asli di Museum Nasional Jakarta, cenah mah meunang nyieun KF Holle.* /

GALURA -Prasasti Geger Hanjuang disebut-sebut minangka bukti otentik ngadegna Karajaan Galunggung atawa cikal bakal ayana pamarentahan di Tasikmalaya.

Prasasti Geger Hanjuang kapanggihna di Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi. Kacamatan Leuwisari, Kabupaten Taskmalaya.

Pas pisan di lamping Gunung Galunggung perenahna Prasasti Geger Hanjuang teh. Katimu taun 1877, anu manggihanana, dumasar sawatara catetan mah, urang Walanda, KF Holle, juragan perkebunan di Cikajang Kabupaten Garut.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Prasasti Geger Hanjuang teh wangunna leutik jeung gepeng. Panjangna ukur 85 sentimeter, rubak 62 sentimeter jeung kandelna 28 sentimeter.

Aya pahatan tulisan make basa Sunda Buhun nu unina Tra ba i guna apuy na sta gomati sakakala ru mata k disusu(k) ku batari hyang pun. Hartina, dina taun 1933 (Saka) (Ibukota) Ruma henteu diwewegan (pertahananana) ku Batari Hyang.

Ayeuna Prasasti Geger Hanjuang diteundeun di Museum Nasional Jakart. Ari nu aya Kampung Rawa Girang, Desa Linggawangi, mah replikana, lain aslina.

Sawatara ahli sajarah aya nu cangcaya kana Prasasti Geger Hanjuang. cenah lain jieunan asli jaman karajaan ratusan taun kalarung cara prasasti Batu Tulis Bogor, atawa Prasasti di Situs Kawali.

Baca Juga: Gedong Bioskop Pasifik jeung Genjlong Pulitik di Sumedang, Sajarah Heubeul Kota Tahu

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x