Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, Gunung Madati Diusulkeun Jadi Hutan Konservasi, Tacan Aya Bejana Deui

- 22 Januari 2023, 07:00 WIB
Macan tutul di Gunung Sawal di Kabupaten Ciamis. Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati geus diusulkeun jadi Hutan Konservasi.(Poto: Konservasi Sumber Daya Alam dan Ekosistem).
Macan tutul di Gunung Sawal di Kabupaten Ciamis. Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati geus diusulkeun jadi Hutan Konservasi.(Poto: Konservasi Sumber Daya Alam dan Ekosistem). /

GALURA -Pikeun leuwih ngantebkeun dina ngajaga alam, dua taun ka tukang tukang pamarentah Kabupaten (Pemkab) Ciamis ngusulkeun Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati jadi Hutan Konservasi.

“Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati jadi Hutan Konservasi aya dina rencana tata ruang wilayah (RTRW) Kabupaten Ciamis taun 2019-2038,” ceuk Herdiat Suryana, Bupati Ciamis.

Bupati Ciamis nyebutkeun RTRW ngeunaan status Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati geus dibadamikeun jeung DPRD Ciamis. Disaluyuan ku Gubernur Jabar sarta geus ditepikeun ka pamarentah pusat.

“Ayeuna ngantosan kaputusan pamarentah pusat, leresan ieu ti Kementerian Lingkungan Hidup dan Kehutanan (KLHK),” ceuk Bupati Ciamis.

Baca Juga: Putri Anjungsari (4)

Di antara tilu gunung tadi, Gunung Sawal ti taun 1979 mibanda status wilayah Suaka Margasatwa.

Gunung Sawal statusna wilayah Suaka Margasatwa ditetepkeun dumasar Keputusan Menteri Pertanian Nomor: 420/Kpts/Um/1979 tanggal 4-7-1979, legana 5.400 hektar.

Pangna dijadikeun wewengkon Suaka Margasatwa teh di leuweung Gunung Sawal hirup Macan Kumbang jeung Macan Tutul.

Lega sagemblengna Gunung Sawal téh, ceuk Bupati Ciamis, leuwih ti 12 rebu hektar, kabehanana di wilayah Kabupaten Ciamis.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x