Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, Gunung Madati Diusulkeun Jadi Hutan Konservasi, Tacan Aya Bejana Deui

- 22 Januari 2023, 07:00 WIB
Macan tutul di Gunung Sawal di Kabupaten Ciamis. Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati geus diusulkeun jadi Hutan Konservasi.(Poto: Konservasi Sumber Daya Alam dan Ekosistem).
Macan tutul di Gunung Sawal di Kabupaten Ciamis. Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati geus diusulkeun jadi Hutan Konservasi.(Poto: Konservasi Sumber Daya Alam dan Ekosistem). /

Dina usulanana, nu dijadikeun kawasan Hutan Lindung legana antara 20-30 persen jeung kawasan Hutan Konservasi anatara 70-80 persen tina 12 rebu hektar.

“Ku ayana zonasi Hutan Lindung jeung Hutan Konservasi, alam jeung lingkungan di Gunung Sawal bisa leuwih kajaga,” ceuk Bupati Ciamis.

Baca Juga: Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

Ceuk Bupati Ciamis, kawasan gunung jeung leuweung di Kabupaten Ciamis karasa mangpaatna lain ukur keur urang Ciamis, tapi oge Kota Banjar, Kabupaten Majalengka, jeung Cilacap, Jawa Tengah.

“Kawasan leuweung jeung gunung di Kabupaten Ciamis sumber cai. Tina kituna kudu dijaga jeung dirumat supaya bisa diiwariskeun ka entragan saterusna,” ceuk Bupati Ciamis.

Ngeunaan Gunung Sawal, Gunung Geger Bentang, jeung Gunung Madati jadi Hutan Konservasi tepi ka danget ieu tacan aya bejana. Naha disaluyuan henteu ku pamarentah pusat. ***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah