Queenthadira Aub Kémah Sastra, Kolotna Bungah Poténsi Anakna Dikembangkeun

- 21 Januari 2023, 16:50 WIB
Queenthadira Afifah Gismi Putri jeung bapana, Yogi Kristian.*
Queenthadira Afifah Gismi Putri jeung bapana, Yogi Kristian.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com.)

 

GALURA - Queenthadira Afifah Gismi Putri, kelas 6 SDN Cingcin 01 Soréang, Kabupatén Bandung, aub kana Kémah Sastra di Balai Besar Guru Penggerak (BBGP) Jawa Barat, Jalan Diponegoro 12, Kota Bandung, 10-13 Januari 2023 kaliwat.

Queen, ngaran wanoh Queenthadira Afifah Gismi Putri, salasahiji ti 12 siswa, genep urang ti SD jeung  genep urang ti SMP, nu diilukeun kana acara kasabit.

Arinyana diaubkeun kana ieu kagiatan téh pédah jaradi pinunjul Lomba Menulis Carpon Sunda dina kagiatan Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) 2022 nu digelar di Pangandaran.

Queen téh budak cikal ti dua sadulur kulawarga Yogi Kristian jeung Isma Marlina.

Baca Juga: Rekoméndasi Piknik ka 'Hidden Gem' Anyar di Bogor, Tempat Wisata Endah Tur 'Instagramable', Pikabetaheun!

Bapa Queen, Yogi Kristian, kacida reueus budakna bisa nuluy diaping sanggeus ngahontal pinunjul kadua.

"Saban poé Queen sabatur-batur dilatih nulis tur ngabiasakeun maca karya sastra, utamana genre carpon, " ceuk Yogi di Soréang, Saptu (21/1/2023).

Yogi kacida ngaprésiasi kagiatan ieu, sabab minangka kolot teu ukur reueus nu jadi budakna bisa jadi juara, tapi poténsi budak tuluy dipaliré pikeun dikembangkeun.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x