Bunga Désa Dadang Supriatna di Sukanagara Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golék Bhatara Séna

- 21 Januari 2023, 11:15 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngayakeun kagiatan Bunga Désa di Désa Sukanagara, Kecamatan Soreang.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngayakeun kagiatan Bunga Désa di Désa Sukanagara, Kecamatan Soreang.* /SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna ngalaksanakeun kagiatan Bunga Désa (Bupati Ngamumulé Désa) di Désa Sukanagara, Kecamatan Soréang, Kabupaten Bandung, Juma'ah (20/1/2023) peuting.

Bunga Désa munggaran dina taun 2023 ieu dilakukeun ku Dadang Supriatna satutas sapoé jeput ngalakukeun kagiatan Rembug Bedas ka-17 - 18 di Désa Soréang jeung Désa Sukajadi kecamatan satempat bari ngabagikeun 286 pakét sembako ka ojék pangkalan di pendopo kantor kecamatan Soreang.

Baca Juga: Rembug Bedas Ka-17 & 18: Bupati Bandung Nampa Bangbaluh Warga Désa Sukajadi jeung Desa Soréang

Kagiatan Bunga Désa nu direuah-reuah ku pagelaran wayang golék ti dalang Bhatara Séna Sunandar Sabda Palon Giri Harja Jelekong téh dideugdeug ku warga ti saban wewengkon.

Dina ieu kagiatan, Bupati Bandung ménta saran ti masarakat dina tarékah ngaronjatkeun pangwangunan di Kecamatan Soréang, tur ngawangun babarengan liwat program pentahelix dina ngawangun daerah.

Bupati Bandung ogé nyosialisasikeun program Bedas Market, ngabaud 10 urang ti saban désa pikeun ngajalankeun wirausaha.

Baca Juga: Kembaranana Aya di Surabaya Gedong Saté Teu Bisa Dijadikeun Model Arsitektur Sunda

“Ku 270 désa jeung 10 kelurahan di Kabupatén Bandung, engké aya 2.800 urang nu baris dilibetkeun jeung dilatih liwat program Bedas Market,” ceuk Bupati Dadang Supriatna.

Dadang Supriatna nyebutkeun, pikeun prakna program Bedas Market di Kabupatén Bandung, kacatet aya kana 16.000 produk UMKM. Bedas Market bakal dilaunching Pébruari 2023 engké.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x