Ketua Déwan Pengawas: Perumda Air Minum Tirta Raharja Bisa Ngagunakeun CSR pikeun Ngokolakeun Leuweung

- 21 Januari 2023, 09:32 WIB
Ketua Dewan Pengawas Perumda Air Minum Tirta Raharja H. Marlan.*
Ketua Dewan Pengawas Perumda Air Minum Tirta Raharja H. Marlan.* /SOPANDI/Galura PikiranRakyat.com

GALURA - Ketua Déwan Pengawas Perumda Air Minum Tirta Raharja/PDAM Kabupatén Bandung H. Marlan miharep, Perumda Air MinumTirta Raharja ngagunakeun Corporate Social Responsibility (CSR) keur ngokolakeun leuweung nu aya  di hulu walungan.

"Luyu arahan Pak Bupati, keur miara kasinambungan sumber cai, miharep ka PDAM  ngokolakeun leuweung di hulu. Ieu  bisa dilakukeun ku CSR-na PDAM, "  ceuk Marlan dina Rembug Bedas Bupati di Kecamatan Soreang, Jum'ah (20/1/2023).

Marlan ngajéntrékeun, saperti SPAM Gambung nu distribusi caina ka Soréang, Katapang, Kutawaringin, Margasih, katut Margahayu, leuweung nu aya  di huluna, nyaéta Gambung, perlu dipiara.

Baca Juga: Rembug Bedas Ka-17 & 18: Bupati Bandung Nampa Bangbaluh Warga Désa Sukajadi jeung Desa Soréang

"Ti heula kungsi MoU jeung Kota Cimahi ogé, tadina sangkan bisa langsung ka wilayah Kota Cimahi. Ngan, mémang debit caina satahap-satahap. Ku kituna tepi ka danget ayeuna PDAM karék ngaladénan tepi ka Margahayu jeung Margaasih," ceuk Marlan.

Satuluyna Marlan ngajéntrékeun, sambungan  PDAM Tirta Raharja di Kabupatén Bandung geus ngahontal 87.000, ditambah sambungan anyar di Margahayu jeung Margaasih 2.500 sambungan.

Ku kituna, perlu ngokolakeun leuweung di hulu. Marlan ngaku teu apal sabaraha persisna dana CSR di PDAM Tirta Raharja.

"Tapi bisa digunakeun keur penghijauan. Engké sugan disawalakeun, pikeun diarahkeun,” Marlan mungkas kateranganana.*** Sopandi

Baca Juga: Anggota DPR RI Tb Hasanuddin, Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan ka Anggota Pramuka di Majalengka

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x